Séréh

Séréh

Séréh
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:Plantae
Divisi:Magnoliophyta
Kelas:Magnoliopsida
Ordo:Poales
Kulawarga:Poaceae
Marga:Cymbopogon
Spreng.
Spésiés

tempo téks

Séréh (Cybopogon cytratus) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Poacéae. Ieu mangrupa sabangsaning tutuwuhan jujukutan nu daunna panjang siga eurih.[1] bédana, rumpun séréh leuwih gedé jeung sok tumuwuh ngagorombol.[1] Daun séréh miboga wangun ipis, lempeng, tulang daun sajajar, tungtung daun nyungcung jeung sisina keusrak.[1] Sok kapanggih bagian luar jerona warna beureum.[1] Sistim akarna kuat pisan jeung jero.[1] Séréh resep kana tempat nu jemlék jeung deukeut kana cai, taneuh nu gembur/ngeprul, antukna teu héran mun tutuwuhan séréh loba tumuwuh di aréa pasawahan, irigasi, wahangan, jeung sajabana.[2] pikeun ngalobakeun ieu tutuwuhan bisa dilakonan ku cara neukteuk rimpangna/anakna atawa ku cara misahkeun dapuranna tuluy dipelak.[2]séréh miboga loba ngaran di daérah-daérah, saperti sere (Jawa); sarai, sorai, sange-sange (Sumatera); Tonti, sare (Sulawesi); hisa, isa (Maluku).[2]

Sifat Kimiawi

Séréh ngandung minyak atsiri kalawan ngandung citral, geraniol, citronrllal, methylheptenone, eugenol methyleter, dipenten, eugenol kaninen, kadinol jeung limonene, Salian éta, sérh ngandung alkaloid, flavonoid, jeung polifenol.[2]

Mangfaat

Séréh dipaké minangka bungbu dapur pikeun nyeungitkeun kadaharan; minyak séréh mangrupa minyak atsiri meunang nyuling tina pepelakan ieu.

Salah sahiji kagunaan lianna tina séréh nyaéta bauna nu bisa dipaké keur ngusir reungit, boh pepelakannana, atawa ogé minyakna.

Referensi