Squamata

Squamata
Varanus salvator
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Sauropsida
Superordo:
Lepidosauria
Ordo:
Squamata

Oppel, 1811
Subgrup[1]
  • Dibamidae
  • Gekkota
  • Lacertoidea
  • Scincomorpha
  • Toxicofera
    • Anguimorpha
    • Iguania
    • Ophidia
Sebaran Squamata

Squamata mangrupa kelompok reptilia pangbadagna nu jumlah spésiesna panglobana.[2] Habitat anggotana mimiti ti jero taneuh nepi ka tatangkalan, ti gurun nepi ka laut, sarta ti khatulistiwa nepi ka Arktik.[2] Anggotana biasana mah tetrapoda tapina dina subordo Serpentes/Ophidia sarta saeutik anggota ti Lacertilia mah tungkéina ngaréduksi.[2] Sacara umum miboga ciri-ciri di antarana awakna katutupan ku sisit.[3] Sisit ieu ngalaman baganti dina waktu nu tangtu anu disebut molting.[2] Saméméh caroplok, stratum germinativum ngawangun lapisan kutikula anyar di handap lapisan anu heubeul.[2]

Dina Subordo Ophidia, kulit atawa sisitna caroplok sagemblengna, sedengkeun dina Subordo Lacertilia, sisitna caroplok wawaréhan.[2] Wangun jeung susunan sisit-sisit ieu téh penting pisan minangka dasar klasifikasi ku sébab polana rada angger.[2] Dina oray mah sisit ventral ngarubak ka arah transversal, sedengkeun dina toké sisit ngaréduksi jadi tonjolan atawa tuberkulum.[2] Squamata miboga tulang kuadrat sarta miboga ékstrimitas.[2] Iwal dina Subordo Ophidia, Subordo Amphisbaenia, jeung sawatara spésies Ordo Lacertilia, réproduksi sacara ovovivipar atawa ovipar ku vértilisasi internal.[2] Sumebaranna lega pisan, ampir nyangkaruk di sakuliah dunya iwal Arktik, Antartika, Irlandia, Selandia Anyar, jeung sawatara pulo di Oséania.[2] Ciri séjénna tina squamata nyaéta euweuh huntu vomer, euweuh hubungan antara pterygoid jeung vomer, columella ipis, sarta hemipenis anu tumuwuh sacara hadé.[2]

Subordo

Rujukan