Wewengkon depéndensi

Wewengkon depéndensi mangrupa wewengkon nu ku lantaran hiji hal teu bisa miboga kamerdékaan atawa kadaulatan kawas hiji nagara. Hiji depéndensi bisa dikategorikeun ti rupa jeung katingkatan.

Gambar:Trust and Non-Self-Governing Territories.djvu
Daptar Wewengkon Trust jeung Non-Pamaréntahan Sorangan (dokumén resmi PBB)

Wewengkon depéndensi béda jeung éntitas subnasional hiji nagara sabab duanana ngawakilan kumpulan pamisahan nu bébéda. Hiji éntitas subnasional biasana ngawakilan babagian wewengkon nagara, lamun wewengkon depéndensi bisa mangrupa wewengkon luar nagri hiji nagara kalawan status otonomi nu leuwih gedé.

Aréa nu sacara kapisah dingaranan tacan merdéka nyaéta wewengkon nu dipaséakeun, dijajah, miboga pamaréntah dina pangasingan atawa miboga gerakan kamerdékaan nu boga pangaruh kiat.

Daptar wewengkon depéndensi

Klaim depéndesi tampa pangakuan internasional sacara luas, ditulis kalawan hurup miring. Daptar ieu ngawengku sababaraha wewengkon nu teu kaasup dina daptar wewengkon tampa pamaréntahan sorangan nu dikaluarkeun ku Majelis Umum Pasarikatan Bangsa-Bangsa[1], kaasup ogé wewengkon nu teu diklasifikasikeun salaku wewengkon depénsi (koloni) ku pamaréntahan lokalna.

██  AMÉ ██  AUS ██  BRI ██  DÉN ██  NOR ██  PER ██  SEL ██  WAL
Peta wewengkon depéndensi di dunya


Amérika Sarikat

 Tempo ogé: Wewengkon insulér jeung Wewengkon Amérika Sarikat.
Wewengkon nu dicicinganPamaréntahan
Citakan:Country data Guam GuamTéritori kaorganisasi nu teu kagabung; hubungan politik antara Guam jeung AS dilaksanakeun dina yurisdiksi Biro Hubungan Insulér, Departemén Jero Nagri Amérika Sarikat. Aya dina Daptar Pasarikatan Bangsa-Bangsa ngeunaan wewengkon tampa pamaréntahan sorangan.
Kapuloan Mariana KalérPasamakmuran dina kahijian politis sareng AS; pambéayaan féderal diurus ku Biro Hubungan Insulér, Departemén Jero Nagri Amérika Sarikat.
Citakan:Country data Puerto Rico Puérto RikoTéritori Amérika Sarikat kaorganisasi nu teu kagabung kalawan status pasamakmuran; hubungan politik antara Puérto Riko jeung AS dilaksanakeun dina yurisdiksi Kantor Présidén.
Citakan:Country data American Samoa Samoa AmérikaTéritori nu teu kaorganisasi jeung teu kagabung diurus ku Biro Hubungan Insulér, Departmén Jero Nagri Amérika Sarikat. Aya dina Daptar Pasarikatan Bangsa-Bangsa ngeunaan wewengkon tampa pamaréntahan sorangan.
Kapuloan Virgin Amérika SarikatTéritori kaorganisasi nu teu kagabung; hubungan politik antara Kapuloan jeung AS dilaksanakeun dina yurisdiksi Biro Hubungan Insulér, Departmén Jero Nagri Amérika Sarikat. Aya dina Daptar Pasarikatan Bangsa-Bangsa ngeunaan wewengkon tampa pamaréntahan sorangan.
Wewengkon nu teu dicicinganPamaréntahan
Tepi Bajo Nuevo
Pulo BakerTéritori Amérika Sarikat nu teu kagabung, diurus ti Washington, D.C. salaku bagian ti sistem Suaka Margasatwa ku Dinas Lauk jeung Margasatwa Amérika Sarikat ti Departmén Jero Nagri Amérika Sarikat.
Pulo Howland
Pulo Jarvis
Atol Johnston
Karang Kingman
Atol Midway
Pulo NavassaTéritori Amérika Sarikat nu teu kagabung, diurus ku Dinas Lauk jeung Margasatwa Amérika Sarikat ti Departmén Jero Nagri Amérika Sarikat ti Suaka Margasatwa Kapuloan Karibia di Boqueron, Puérto Riko. Diklaim ogé ku Haiti jeung sacara pribados liwat Tetepan Kapuloan Guano.
Atol PalmyraTéritori Amérika Sarikat nu kagabung, sabagian piboga swasta jeung sabagian piboga nagara. Diurus ti Washington, D.C. ku Dinas Lauk jeung Margasatwa Departmént Jero Nagri Amérika Sarikat; Biro Hubungan Insulér Amérika Sarikay. Departmén Jero Nagri terus lanjut pikeun ngurus salapan teu kaasup aréa nu eusina tidal katangtu jeung daratan handap laut di antara laguna jeung 12 nm aréa laut sakurilingna.
Tepi Serranilla
Pulo WakeTéritori nu teu kagabung diawasan ku Angkatan Udara Amérika Sarikat jeung diurus ti Washington, D.C. ku Departmén Jero Nagri Amérika Sarikat. Diklaim ogé ku Kapuloan Marshall.

Australia

 Artikel utama: Daptar nagara bagian di Australia.
Wewengkon nu dicicinganPamaréntahan
Citakan:Country data Christmas Island Pulo NatalDiparéntah ti Canberra ku Departemén Jero Nagri.[2][3]
Kapuloan Cocos (Keeling)
Citakan:Country data Norfolk Island Pulo NorfolkTanggung jawab pasamakmuran nu diparéntah ti Canberra liwat Departemén Jero Nagri.[2]
Wewengkon nu teu dicicinganPamaréntahan
Kapuloan Ashmore jeung CartierDiparéntah ti Canberra ku Departemén Jero Nagri.[2]
Kapuloan Laut Koral
Wewengkon Antarktika AustraliaDiparéntah ti Canberra ku Divisi Antarktika Australia Departemén Kalajengan, Lingkungan, Cai, Populasi, jeung Komunitas.
Pulo Heard jeung Kapuloan McDonald

Britania Raya

 Tempo ogé: Wewengkon Peuntas Laut Britania, Depéndensi Makuta, jeung Aréa Pangkalan Kawasa.
Wewengkon peuntas lautPamaréntahan
Citakan:Country data Anguilla AnguillaWewengkon peuntas laut Britania.
Citakan:Country data Bermuda BermudaWewengkon peuntas laut Britania atawa téritori kalawan pamaréntahan sorangan kawas nu didéfinisikeun ku Karajaan.
Téritori Antarktika Britaniaeuweuh padumuk tetep. Klaim Britania kana Antartika.
Kapuloan CaymanTéritori peuntas laut Britania.
Kapuloan FalklandTéritori peuntas laut Britania, diklaim ogé ku Argéntina.
Géorgia Kidul jeung Kapuloan Sandwich Kiduleuweuh padumuk tetep. Téritori peuntas laut Britania, diklaim ogé ku Argéntina. Diurus ti Kapuloan Falkland ku Gubernur Kapuloan Falkland salaku répréséntatif ti Raja/Ratu Britania.
Citakan:Country data Gibraltar GibraltarTéritori peuntas laut Britania, diklaim ogé ku Spanyol.
Citakan:Country data Montserrat MontserratTéritori peuntas laut Britania.
Citakan:Country data Pitcairn Islands Kapuloan Pitcairn
Téritori Samudra Hindia Britaniaeuweuh padumuk tetep. Hiji téritori peuntas laut Britania, diurus ku hiji padumuk komisionér di Biro Asing jeung Pasamakmuran, London.
Citakan:Country data Saint Helena Saint HélénaTéritori peuntas laut Britania. Saint Héléna ngurus ogé Pulo Ascénsion jeung kumpulan pulo Tristan da Cunha.
Kapuloan Turks jeung CaicosTéritori peuntas laut Britania.
Kapuloan Virgin BritaniaTéritori peuntas laut Britania kalawan pamaréntahan jero nagri sorangan.
Aréa Pangkalan KawasaPamaréntahan
Akrotiri jeung DhékéliaWewengkon peuntas laut Britania nu diparéntah ku Panglima Tentara Britania, Siprus. Aréa Pangkalan Kawasa mangrupa pangkalan militer nu sanés wewengkon depéndensi biasa.[4]
Depéndensi MakutaPamaréntahan
Citakan:Country data Guernsey GuernseyTanggung jawab patahanan jeung pawakilan internasional aya dina Britania Raya.[5][6][7].
Citakan:Country data Jersey Jersey
Pulo Man

Dénmark

DivisiPamaréntahan
Kapuloan FaroeDivisi administratif peuntas laut kalawan pamaréntahan sorangan ti 1948. Bagian ti Karajaan Dénmark tapi lain ti Uni Éropa.
Citakan:Country data Greenland GreenlandDivisi administratif peuntas laut kalawan pamaréntahan sorangan ti1979. Bagian ti Karajaan Dénmark. Kaluar ti Uni Éropa dina 1986.

Norwégia

DepéndensiPamaréntahan
Bouveteuweuh padumuk tetep. Depéndensi diparéntah ti Oslo ku Departemén Urusan Kutub Kamenterian Kahakiman jeung Kapulisian Norwégia.
Pulo Peter Ieuweuh padumuk tetep. Depéndensi (mangrupa subjék ti Sistem Traktat Antarktika) diparéntah ti Oslo Departemén Urusan Kutub Kamenterian Kahakiman jeung Kapulisian Norwégia.
Daratan Ratu Maud

Béda jeung tilu wewengkon ieu, Svalbard sapinuhna mangrupa bagian Norwégia. Svalbard diatur ku sababaraha hukum katangtu, tapi pamaréntahanna teu indepénden jeung teu bisa nangtukeun hukum sorangan.

Perancis

Perancis peuntas laut diwangun ti 4 departemén peuntas laut (Départements d'outre-mer) jeung sakabéh téritori peuntas laut (Territoires d'outre-mer). Departemén peuntas laut (Guadeloupe, Martinik, Réunion, jeung Guyana Perancis), bareng jeung Perancis Métropolitan, mangrupa unit konstituén Républik Perancis. Di handap ieu mangrupa daptar téritori peuntas laut.

Wewengkon nu dicicinganPamaréntahan
Polinésia PerancisJajahan peuntas laut ti 2003; Nagara peuntas laut ti 2004.
MayotteDepartemén jajahan ti 2001; jajahan peuntas laut ti 2003. Mayotte rék jadi departemén Perancis nu ka-101 (jeung departemén peuntas laut ka-5) dina 2011, dumasar kana hasil réferéndum dina Maret 2009.
Kaledonia Anyar"Jajahan sui generis" ti 1999; kaasup Daptar Pasarikatan Bangsa-Bangsa ngeunaan wewengkon tampa pamaréntahan sorangan.
Saint-BarthelemyJajahan peuntas laut ti 2007.
Saint Martin
Saint Pierre jeung MiquelonTéritori jajahan ti 1985; jajahan peuntas laut ti 2003.
Wallis jeung FutunaTéritori peuntas laut ti 1961; jajahan peuntas laut ti 2003.
Wewengkon nu teu dicicinganPamaréntahan
Pulo ClippertonPulo nu diparéntah ku Menteri Téritori Peuntas Laut. euweuh padumuk tetep.
Daratan Kidul jeung Antarktika PerancisDaratan Kidul jeung Antarktika Perancis (disingket TAAF, singketan ti Terres australes et antartiques françaises) mangrupa téritori peuntas laut ti 1955, diparéntah ti Paris ku hiji Administrateur Supérieur. euweuh padumuk tetep. Kaasup klaim wewengkon Perancis di Antarktika: Daratan Adélie.

Selandia Anyar

Dina asosiasi bébasPamaréntahan
Kapuloan CookPamaréntahan sorangan jeung dina asosiasi bébas kalawan Selandia Anyar ti 1965. Kapuloan Cook sapinuhna miboga tanggung jawab kana hubungan jero nagrina; Selandia Anyar, dina konsultasi, tetep ngawasaan sababaraha tanggung jawab kana hubungan kaluar jeung patahanan. Dina 2005, Kapuloan Cook miboga hubungan diplomatik ngagunakeun ngaranna sorangan kana dalapan belas nagara.
Citakan:Country data Niue NiuePamaréntahan sorangan dina asosiasi bébas kalawan Selandia Anyar ti 1974. Niue sapinuhna miboga tanggung jawab kana hubungan jero nagrina; Selandia Anyar tetep miboga tanggung jawab kana hubungan luar jeung patahanan. Tanggung jawab Selandia Anyar teu méré hak kadali jeung ngan digunakeun tina paméntaan Pamaréntah Niue.
WewengkonPamaréntahan
Citakan:Country data Tokelau TokelauTéritori Selandia Anyar pamaréntahan sorangan. Sakumaha sajalan kana asosiasi bébas kalawan Selandia Anyar, Tokelau jeung Selandia Anyar geus satuju kana hiji draft konstitusi. Hiji réferéndum nu disponsoran ku PBB dina pamaréntahan sorangan dina Pébruari 2006 heunteu ngahasilkeun 2/3 sora nu dibutuhkeun pikeun ngaganti status politik. Hiji nu séjén nyaéta dina Oktober 2007, nu gagal ogé.
Depéndensi Rosseuweuh padumuk tetep. Klaim Antarktika Selandia Anyar.

Walanda

Sanggeus pambubaran Antillen Walanda dina Oktober 2010, Bonaire, Saba, jeung Sint Eustatius minangka bagian integral ti Walanda salaku munisipalitas istiméwa. Curaçao jeung Sint Maarten (kaasup daptar di handap) minangka nagara konstituén ti karajaan.

NagaraPamaréntahan
Citakan:Country data Aruba ArubaDiterangkeun minangka hiji "nagara" ("daratan") dina Karajaan Walanda ku Statuta Karajaan Walanda. Aruba miboga otonomi pinuh dina urusan jero nagrina sanggeus misah ti Antillen Walanda dina 1986. Curaçao jeung Sint Maarten mangrupa bagian ti Antillen Walanda nepi ka bubarna dina Oktober 2010. Pamaréntah Walanda miboga tanggung jawab dina hal patahanan, urusan luar nagri, jeung hukum kabangsaan. Bagian ti Karajaan Walanda tapi sanés ti Uni Éropa sanajan wargina téh wargi Uni Éropa.
Citakan:Country data Curaçao Curaçao
Citakan:Country data Sint Maarten Sint Maarten

Réferénsi jeung catetan suku

Citakan:Rupa babagian nagara