13 Pébruari

123
45678910
11121314151617
18192021222324
2526272829

13 Pébruari nyaéta poé ka-44 dina sataun (ka-309 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 57 poé.

Kajadian

  • 1462 – Perjangjian Westminster diréngsékeun antara Edward IV ti Inggris jeung John Bangsawan Skotlandia ti Isles, nandakeun talukna Skotlandia ka Inggris.
  • 1542 – Catherine Howard, pamajikan kalima Henry VIII ti Inggris, dihukum mati alatan nyéléwéng.
  • 1692 – Pangbantéan Glencoe: Ampir 80 urang Klan Macdonalds di Glen Coe, Skotlandia diparaéhan dina wanci isuk-isuk alatan teu hideng sumpah satia ka raja anyar, William ti Oranye.
  • 1755 – Perjangjian Giyanti ditaréken ku VOC, Pakubuwono III jeung Pangéran Mangkubumi, di Giyanti, Karanganyar, Jawa Tengah. Perjangjian ieu ngabagi dua karajaan Jawa Mataram kana: Kasunanan Surakarta jeung Kasultanan Yogyakarta.
  • 1861 – Panggabungan Italia: Pangepungan Gaeta réngsé ku sumerahna Karajaan Dua Sisilia.
  • 1880Thomas A. Edison manggihan émisi Thermionik.
  • 1913 – Dalai Lama Ka-13 ngaproklamirkeun kamerdékaan Tibét, sabada sapériode dina kungkungan Dinasti Qing Manchuria.
  • 1945Perang Dunia II: Pangebom Angkatan Laut Karajaan diiangkeun ka Dresden, Jérman pikeun nyerang kota éta ku pangeboman nu rohaka ti jomantara.
  • 1951 – Perang Koréa: Patempuran Chipyong-ni nu ditandaan ku serangan Cina ka Koréa Kidul, dimimitan.
  • 1955 – Israél meunangkeun opat tina tujuh gulungan naskah Laut Mati.
  • 1960 – Ku hasilna nguji coba nuklir nu katelah ku kode ngaran "Gerboise Bleue", Perancis jadi nagara ka opat nu mibanda pakarang nuklir.
  • 1967 – Panaliti Amérika manggihan Manuskrip Madrid beunang Leonardo da Vinci di Musium Nasional Spanyol.
  • 1979 – Angin tohaga narajang Washington kulon sarta ngarugrugkeun ruas Jambatan Kanal Hood sapanjang 1/2 mil.
  • 1983 – Kahuruan di hiji bioskop di Turin, Italia, genep puluh opat urang palastra.
  • 1991 – Perang Teluk: Dua "bom pinter" nu ditungtun ku laser ngacurkeun bungker Amiriyah di Baghdad. Pasukan Aliansi nyebutkeun yén bungker éta dipaké minangka post komunikasi militer, kanyataanna 400 rakyat sipil Irak katelasan sajeroeunna.
  • 1996 – Perang Sipil di Népal dimimitian di Karajaan Népal ku Partéy Komunis Népal (Maoist-Tengah).
  • 2001 – Lini 7,6 skala Richter narajang Él Salvador, nelasan saheunteuna 944 jalma.
  • 2004 – Puser Astrofisika Harvard–Smithsonian ngabéwarakeun panimuan béntang panggedé-gedéna saalam samesta, béntang kurcaci bodas BPM 37093. Para astronom ngaranan béntang ieu ku "Lucy" nyokot tina lagu The Beatles, "Lucy in the Sky with Diamonds".
  • 2008 – PM Australia Kevin Rudd ngedalkeun hiji tamada basajarah pikeun pangeusi asli Australia jeung Génerasi nu Dipaling.
  • 2010 – Bom ngajelegur di Kota Pune, Maharashtra, India, nelasan 17 jalma sarta nyideraan leuwih ti 60 séjénna.
  • 2017 – Kim Jong Nam, dulurna diktator Koréa Kalér Kim Jong Un, ditelasan di Bandara Internasional Kuala Lumpur.

Nu babar

  • 1835 – Mirza Ghulam Ahmad, urang India nu ngadegkeun Ahmadiyah (td. 1908)
  • 1913 – Khalid, raja Arab Saudi (td. 1982)
  • 1960 – Pierluigi Collina, wasit ménbal ti Italia
  • 1974 – Robbie Williams, tukang ngawih Inggris
  • 1994 – Memphis Depay, pamaén bola Walanda

Nu pupus

  • 1542 – Catherine Howard, pamajikan Raja Henry VIII ti Inggris (l. 1521)
  • 1883Richard Wagner, komposer Jérman (l. 1813)
  • 2015 – Alex Komang, aktor Indonésia (l. 1961)
  • 2017 – Kim Jong-nam, pulitisi Koréa Kalér (l. 1971)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.search.com.vn/wiki/en/February_13