1870 – Bandéra Jepang kiwari mimitina dipaké minangka bandéra nasional pikeun kapal dagang Jepang.
1881 – Perang Boer Kahiji: Patempuran Pasir Majuba lumangsung.
1900 – Perang Boer Kadua: Di Afrika Kidul, pamingpin militer Inggris narima panyerahan tanpa syarat ti Jéndral Boer Piet Cronjé dina Patempuran Paardeberg.
1900 – Partéy Buruh Inggris diadegkeun.
1900 – FC Bayern Muenchen diadegkeun.
1902 – Perang Boer Kadua: Soldadu Australia Harry "Pamecah" Mocant jeung Peter Handcock diéksékusi di Pretoria sanggeus disidang pikeun alesan kajahatan perang.
1921 – Sarikat Gawé Internasional pikeun Partéy Sosialis diadegkeun di WIna.
1933 – Gedong Parlemén Jérman, Reichstag diduruk ku Martinus van der Lubbe, saurang komunis Walanda. Hal ieu dimangfaatkeun ku Nazi pikeun nyingkirkeun urang komunis minangka saingan pulitikna.
1940 – Martin Kamen jeung Sam Ruben manggihan karbon-14.
1942 – Perang Dunia II: Nalika Patempuran Laut Jawa, pasukan serang Sakutu diéléhkeun ku pasukan tugas Jepang di Laut Jawa di Hindia Walanda.
1943 – Di Berlin, Gestapo néwakan 1.800 urang Yahudi nu boga pamajikan ka urang Jérman, nungtun kana protés Rosenstrasse.
1962 – Dua pilot pamungpang Angkatan Udara Républik Viétnam ngabom Istana Kamerdékaan di Saigon dina hiji usaha gagal nelasan Présidén Viétnam Kidul Ngô Đình Diệm.
1964 – Pamaréntah Italia méménta bantuan sangkan Munara Déngdék Pisa heunteu rugrug.
1971 – Para dokter di klinik aborsi kahiji di Walanda (Midredhuis di Arnhem) mimiti milampah aborsi induksi buatan.
1988 – Pangbantéan Sumgait: Komunitas Arménia di Sumgait, Azerbaijan jadi targét kajahatan pangbantéyan.
1991 – Perang Teluk: Présidén AS George H. W. Bush ngabéwarakeun yén "Kuwait geus dibébaskeun".
2002 – Karéta api Godhra kahuruan ku nu ngaduruk nalika mulang ti Ayodhya, nelasan 59 jamaah Hindu.
2004 – Pangeboman hiji féri super ku Abu Sayyap di Philipina, nelasan 116 jalma.
2004 – Shoko Asahara, pamingpin aliran pamujaan kiamat Aum Shinrikyo Jepang, dikeunaan hukuman mati alatan jadi pangrarancang serangan gas sarin di hiji sub jalan di Tokyo, Jepang taun 1995.
2010 – Lini 8,8 Mw narajang bagéan tengah Chili, ngakibatkeun korban jalma 500 urang sarta rébuan cidera. Lini éta micu hiji tsunami nu tuluy narajang Hawaii teu lila ti harita.
2013 – Lima jalma (kaasup palakuna) maraot sarta lima lianna taratu dina hiji tétémbakan di hiji pabrik di Menznau, Swiss.
2015 – Pamaténian Boris Nemtsov, saingan pulitik Vladimir Putin, kajadian.
Nu babar
1902 – John Steinbeck, jurnalis, pangarang Amérika (td. 1968)
1932 – Elizabeth Taylor, artis Inggris-Amérika (td. 2011)