26 Pébruari

123
45678910
11121314151617
18192021222324
2526272829

26 Pébruari nyaéta poé ka-57 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 308 poé (309 dina taun kabisat).

Kajadian

  • 1233 – Perang Mongol–Jin: Kaum Mongol ngarebut Kaifeng, puser nagri Dinasti Jin, sabada ngepung mangbulan-bulan.
  • 1616Galileo Galilei sacara rasmi dilarang ku Garéja Katolik Roma pikeun ngajar alatan pamadeganna ngeunaan bumi nu ngurilingan panon poé.
  • 1815Napoleon Bonaparte kabur ti Pulo Elba.
  • 1876 – Jepang jeung Koréa néken perjangjian nu méré warga Jepang hak-hak ékstratéritorial, muka tilu darmaga pikeun padagang Jepang sarta mungkas status Koréa minangka nagara bawahan Dinasti Qing.
  • 1909Kinemacolor, proses pilem warnaan munggaran nu hasil, mimiti dipintonkeun pikeun umum di Téater Palace di London.
  • 1914HMHS Britannic, dulur ti RMS Titanic, medal di palabuhan Harland jeung Wolff di Belfast.
  • 1919 – Présidén  Woodrow Wilson nanda tangan akta Kongrés nu ngadegkeun Taman Nasional Grand Canyon.
  • 1929 – Présidén Calvin Coolidge néken aturan éksekutif nu ngadegkeun 96.000 akre Taman Nasional Grand Teton di Wyoming.
  • 1935Adolf Hitler maréntahkeun pasawat Luftwaffe pikeun dijieunan deui, ngabahayakeun katangtuan dina Perjangjian Versaillers.
  • 1935 – Robert Watson-Watt ngalumangsungkeun hiji pamintonan di deuket Daventry nu nungtun kana pamekaran radar di Karajaan Inggris.
  • 1960 – Pasawat New York ti Maskapai Alitalia murag di komplek astana di Shanon, Irlandia, teu lila sabada ngapung, nelasan 34 tina 52 jalma sajeroeunna.
  • 1971 – Sékjén PBB U Thant néken proklamasi PBB ngeunaan vernal equinox jadi Poé Bumi.
  • 1980 – Mesir jeung Israél ngadegkeun hubungan diplomatik pinuh.
  • 1993 – Pangeboman World Trade Center: hiji bom treuk nu diparkir sahandapeun Munara Kalér WTC ngabeledug, nelasan genep jalma sarta nyideraan leuwih ti sarébu lianna.
  • 1995 – Institusi invéstasi perbankan pangkolotna di Karajaan Inggris, Barings Bank, bangkrut sabada saurang broker sekuritas liar, Nick Leeson rugi $1,4 juta dina spékulasi di Padagangan Valas Singapur ngagunakeun kontrak kahareup.
  • 2008The New York Philharmonic midang di Pyongyang, Koréa Kalér; mangrupa kajadian siga kitu nu munggaran nu lumangsung di Koréa Kalér.
  • 2012 – Trayvon Martin ditémbak tur nemasing pati dina umur 17 taun di Sanford, Florida, ku kordinator siskamling di dinya.
  • 2012 – Hiji karéta kaluar ti jalurna di Burlington, Ontario, Kanada, nelasan saheunteuna tilu jelema sarta nyideraan 45 urang.
  • 2013 – Balon udara panas ragrag di sadeukeuteun Luxor, Mesir, nelasan 19 jalma.

Nu babar

  • 1802 – Victor Hugo, sastrawan Perancis (td. 1885)
  • 1808 – Honoré Daumier, seniman Perancis (td. 1879)
  • 1829 – Levi Strauss, parancang pakéan Amérika Jérman (td. 1902)
  • 1846 – Buffalo Bill, soldadu, paninggaran Amérika (td. 1917)
  • 1908 – Tex Avery, animator Amérika (td. 1980)
  • 1920 – Tony Randall, aktor Amérika (td. 2004)
  • 1924 - Noboru Takeshita, Perdana Mentri Jepang ka-74 (td. 2000)
  • 1928 – Ariel Sharon, PM Israél ka-11 (td. 2014)
  • 1932Johnny Cash, tukang ngawih Amérika (td. 2003)
  • 1946 - Ahmed H. Zewail, Ahli kimia Mesir, Panarima Nobel
  • 1953 – Michael Bolton, tukang ngawih Amérika
  • 1954 – Recep Tayyip Erdoğan, présidén Turki ka-12
  • 1973 – Ole Gunnar Solskjær, pamaén, manajer bola ti Norwégia
  • 1974 – Sébastien Loeb, supir mobil balap Perancis
  • 1983 – Pepe, pamaén bola Portugis
  • 1984 – Emmanuel Adebayor, pamaén bola Togo
  • 1985 – Rezky Aditya, aktor Indonésia

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://www.search.com.vn/wiki/en/February_26