1 Pébruari

123
45678910
11121314151617
18192021222324
2526272829

1 Pébruari nyaéta poé ka-32 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 333 poé (334 dina taun kabisat).

Kajadian

  • 1713Kalabalik atawa Campuh di Bendery, lumangsung ku paréntah Sultan Turki Utsmani pikeun néwak sémah teu diundang Raja Charles XII ti Swédia.
  • 1793 – Perang Révolusioner Perancis: Perancis nyatakeun perang ka Inggris jeung Walanda.
  • 1814 – Gunung Mayon di Philipina bitu, nelasan kurang leuwih 1.200 jalma, minangka gunung bitu nu pangarusakna.
  • 1864 – Perang Schleswig Kadua: Pasukan Prusia meuntas watés Dénmark ka Schleswig pikeun ngamimitian perang.
  • 1865 – Présidén Abraham Lincoln ngasahkeun Amandemén Katilu Welas kana Konstitusi AS.
  • 1884 – Volume kahiji (A nepi ka Ant) tina Kamus Inggris Oxford dipedalkeun.
  • 1893Thomas A. Edison nganggeuskeun pangwangunan studio filem munggaran, Black Maria di West Orange, New Jersey.
  • 1895 – Landeuh Fountains, Pretoria, pangkolotna suaka alam di Afrika dirasmikeun ku Présidén Paul Kruger.
  • 1908 – Panelasan Raja di Lisboa: Raja Carlos I ti Portugal katut Pangéran Luis Filipe ditémbak mati di Lisboa ku simpatisan Républik.
  • 1942Perang Dunia II: Angkatan Laut AS mesatkeun Serangan Marshalls–Gilberts, mangrupa serangan munggaran AS ka Jepang di Wilayah Pasifik.
  • 1942Voice of America, radio jeung télévisi luar rasmi pamaréntah AS mimiti siaran ku program-program nu ditujukeun ka wilayah-wilayah nu dikawasa ku kakuatan Axis.
  • 1946 – Trygve Lie ti Norwégia kapilih minangka Sekertaris Jéndral PBB nu kahiji.
  • 1946 – Parlemén Hongaria ngagugurkeun kakawasaan monarki nu geus lumangsung salila salapan abad, sarta ngaproklamirkeun Républik Hongaria.
  • 1965 – Leuwi Hamilton di Labrador, Kanada ganti ngaran jadi Leuwi Churchill dina raraga ngahormatan ka Winston Churchill.
  • 1974 – Kahuruan di Gedong 25 lantéy Joelma di Sao Paulo, Brasil, nelasan 189 jalma sarta nyideraan 293 lianna.
  • 1979 – Ayatollah Ruhollah Khomeini mulang ka Téhéran sabada ampir 15 taun dina pangasingan.
  • 1992 – Pangadilan Bhopal India nyatakeun Warren Anderson, eks-CEO Union Carbide, minangka buronan sabada mangkir tina kasus Insidén Bhopal.
  • 1996 – Akta Kasopananan Komunikasi dikaluarkeun ku Kongrés AS, pikeun ngarégulasi pornografi.
  • 2002 – Daniel Pearl, jurnalis Amérika nu diculik di Karachi dina tanggal 23 Januari 2002 ditelasan ku panyulikna.
  • 2004 – Kakacoan Haji 2004: Dina hiji kakacoan ibadah haji di Arab Saudi, 251 jalma maot kaleyek sarta 244 tatu.
  • 2005 – Raja Gyanendra ti Népal ngalakukeun kudéta pikeun mulangkeun démokrasi, tuluy jadi Pupuhu Déwan Kamentrian.
  • 2009 – Kabinét kahiji Jóhanna Sigurðardóttir diadegkeun di Islandia, ngajadikeun dirina minangka awéwé munggaran nu jadi perdana menteri di negeri éta sarta jalma nu geus ngaku lésbian munggaran di dunia nu jadi pamingpin hiji nagara.
  • 2012 – Tujuh puluh opat jalma maraot sarta leuwih ti 500 taratu alatan pacogrégan antara bobotoh tim sépakbola Mesir, Al Masry jeung Al Ahli di Kota Darmaga Said.
  • 2013 – Shard, adegan pangjangkungna di Uni Éropa dibuka pikeun balaréa.

Nu babar

  • 1930 – Shahabuddin Ahmed, présidén Bangladesh ka-12
  • 1930 – Hussain Muhammad Ershad,présidén Bangladesh ka-10 (td. 2019)
  • 1931 – Boris Yeltsin, présidén kahiji Rusia (td. 2007)
  • 1965 – Brandon Lee, aktor Amérika (td. 1993)
  • 1965 – Putri Stéphanie ti Monako
  • 1968 – Lisa Marie Presley, tukang ngawih Amérika
  • 1969 – Gabriel Batistuta, pamaén bola Argéntina
  • 1994Harry Styles, tukang ngawih Inggris

Nu pupus

  • 1976 – George Whipple, élmuwan Amérika (l. 1878)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Kuda Zebra Internasional

Tumbu luar