1805 – Austria jeung Perancis néken Pasini Pressburg, sawatara eusina nyaéta Austria kaluar tina Koalisi Katilu sarta kudu nyérénkeun Italia jeung Bavaria ka Perancis.
1806 – Patempuran Pultusk jeung Golymin: Pasukan Rusia nahan serangan pasukan Perancis pimpinan Napoleon.
1862 – Panggedé-gedéna panggantungan massal dina sajarah Amérika lumangsung di Mankato, Minnesota, di mana 38 urang Indian nemasing pati.
1898 – Marie jeung Pierre Curie ngabéwarakeun isolasi radium.
1944 – Perang Dunia II: Tentara Katilu George S. Patton mecahkeun pangepungan ka pasukan AS di Bastogne, Bélgia.
1972 – Perang Viétnam: Minangka bagéan tina Operasi Linebacker II, 120 pasawat pangebom Amérika B-52 Stratofortress nyerang Hanoi, kaasup 78 pasawat nu maresat ti Markas Angkatan Udara di Guam, pangedé-gedéna serangan udara tunggal dina sajarah Komando Udara Strategis.
1991 – Majelis Tinggi Uni Soviét masamoan sarta sacara resmi ngabubarkeun Uni Soviét, mungkas Perang Tiis.
1994 – Opat pangbajak ti Kelompok Islam Basanjata ngarebut kontrol Pasawat Air France 8969. Nalika ngadarat di Marseille, pasukan Puilisi Nasional Perancis nyerang ka jero kapal sarta nelasan para pangbajak.
1999 – Badéy Lothar narajang Éropa Tengah, nelasan 137 jalma sarta ngabalukarkeun karugian karusakan sajumlah AS$ 1,3 Milyar..
2003 – Lini 6,6 Mw ngeundeuk-ngeundeuk kidul wétaneun Iran ku Intensitas Mercalli maksimum IX (Heuras), ngakibatkeun leuwih ti 26.000 jalma palastra sarta 30.000 tatu.
2004 – Lini téktonik 9.0 skala Richter di kuloneun Sumatra ngabalukarkeun sunami nu nyaahan wewengkon (utamana basisir) Acéh jeung Sumatra Kalér, Muangtai, Malaysia, Sri Langka, India, sarta basisir wétan Afrika. Data samentara nunjukkeun yén korban nu perlaya alatan kajadian ieu nepi ka leuwih ti 150 réwu urang nu lolobana, Dalapan puluh rébuan ti wewengkon Acéh.