22 Désémber

1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

22 Désémber nyaéta poé ka-356 dina sataun (ka-357 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 9 poé.

Kajadian

  • 1963 – Kapal laut pangjalajah Lakonia kahuruan tur tilelep 180 mil (250 km) kaléreun Maderia, Portugal, jumlah korban128 jiwa.
  • 1974 – Grande Comore, Anjouan jeung Mohéli milih pikeun jadi nagara merdéka Komoro. Mayotte milih tetep di sahandapeun pamaréntahan Perancis.
  • 1974 – Imah manten Perdana Menteri Inggris Edward Heath diserang ku anggota IRA.
  • 1984 – Bernhard Goetz némbak opat calon garong dina karéta cepet di séksi Manhattan di Kota New York, New York.
  • 1989 – Présidén Komunis Rumania, Nicolae Ceaușescu disingkirkeun ku Ion Iliescu sanggeus sababaraha poé pacéngkadan.
  • 1989 – Gerbang Brandenburg Bérlin dibuka sabada ampir 30 taun, sacara nyata ngeureunan pamilahan Jérman Wétan jeung Kulon.
  • 1997 – Pangbantéan Acteal: Para hadirin pasamoan du'a aktipis Katolik Roma di désa leutik Acteal di nagara bagian Chiapas Méksiko, dibantéy ku pasukan paramiliter.
  • 1997 – Hussein Farrah Aidid sacara suka réla nyérénkeun jabatan présidén Somalia nu diparebutkeun ku cara néken Déklarasi Kairo, di Kairo, Mesir. Mangrupakeun léngkah gedé munggaran pikeun islahna Somalia ti saprak taun 1991.
  • 2001 – Burhanuddin Rabbani, pamingpin pulitik Aliansi Kalér, nyérénkeun kakawasaan di Afghanistan ka pamaréntahan interim pingpinan Présidén Hamid Karzai.
  • 2016 – Hiji panalitian manggihan yén vaksin VSV-EBOV éféktif 70-100% pikeun ngalawanan virus Ébola, kukituna jadi minangka vaksin nu pimatiheun ngalawanan panyakit tadi.
  • 2017 – Déwan Kaamanan PBB mutuskeun ku voting 15-0 pikeun nyieun sanksi tambahan ka Koréa Utara, kaasup ngurangan impor minyak nagara éta nepi ka 90%.
  • 2018Tsunami nu diakibatkeun tina bituna Anak Krakatau di Indonésia nelasan saheunteuna 430 jalma kaasup anggota grup musik Seventeen jeung komédian Aa Jimmy sarta nyideraan ampir sarébu urang séjénna.

Nu babar

  • 1949 – Maurice Gibb, musisi Inggris (Bee Gees) (td. 2003)
  • 1949 – Robin Gibb, musisi Inggris (Bee Gees) (td. 2012)
  • 1963 – Giuseppe Bergomi, bék Italia
  • 1967 – Dan Petrescu, pamaén bola Romania
  • 1973 – Azis Gagap, palawak Indonésia
  • 1968 – Luis Hernández, pamaén bola Méksiko
  • 1968 – Dina Meyer, artis Amérika
  • 1989 – Jordin Sparks, artis Amérika (American Idol)
  • 1990 – Zaskia Sungkar, artis Indonésia
  • 1993Meghan Trainor, artis Amérika

Nu pupus

  • 2018 – Muhammad Awal Purbani, bassist grup musik Seventeen
  • 2018 – Herman Sikumbang, gitaris grup musik Seventeen
  • 2018 – Aa Jimmy (Heriyanto), komédian Indonésia

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Indung di Indonésia
  • Tepung Taun Korps Wanita Angkatan Darat (KOWAD)

Tumbu luar