Krisan

Krisan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Chrysanthemum L.

Krisan (Chrysanthemum) nyaéta salah sahiji genus tutuwuhan hias tina kulawarga asteraceae.[1][2] Génus ieu diwangun ku antara 100 spésiés asli utamana di daérah subtropis jeung miboga iklim lila.[2] Ngaran krisan dicokot tina basa Yunani "chrys" nu hartina emas (warna kembang nu asli), jeung "anemon" nu hartina kembang.[3][4] Sanggeus mangtaun-taun budidaya, geus dihasilkeun rupa-rupa warna ti mimiti bodas jadi ungu nepi ka beureum.[4] Ngaran ieu paméré ti Carolus Linnaeus, naturalis Swedia nu dipikawanoh ogé salaku bapa taksonomi modérn.[2]Spésiés nu sok dibudidayakeun sok disebut mains, nu miboga hulu kembang nu gedé; tutuwuhan laina tina spésiés liar miboga ukuran nu leuwih leutik.[4] Lolobana tina génus ieu miboga daun aromatik nu jadi mapay sapanjang batang.[4]

Referensi