Riyal Saudi Arabia

Riyal Saudi Arabia (Basa Arab: ريالRiyāl, Kode ISO 4217: SAR) nyaéta mata uangna Saudi Arabia, disingget jadi ر.س atanapi SR (Saudi Riyal). Mata uang ieu dibagi kana 100 Halala (Basa Arab: هللةHalalah). Ghirsy/Qirsy sami sareng 5 Halala.

Riyal Saudi Arabia
ريال

سعودي (Basa Arab)

Kode ISO 4217SAR
Otoritas monetérBadan Monetér Saudi Arabia
Lokawww.sama.gov.sa
PamakéBandéra Arab Saudi Saudi Arabia
Inflasi4,1%
SumberBadan Monetér Saudi Arabia, perkiraan Januari 2010
Ditangtukeun jeungDolar AS = 3,75 SR
Subunit
1/100Halala
Lambangر.س, SR, ﷼ (Unicode)
Koin5, 10, 25, 50, 100 Halala
Uang kertas1, 5, 10, 20, 50, 100, 200, 500 Riyal

Koin

Dina 1925, koin tembaga pikeun ¼ jeung ½ Ghirsy dicitak di Mekkah ku `muhammad ayaan kadri. Teras dilanjutkeun dina 1926, ku ¼, ½, jeung 1 Ghirsy tembaga-nikel, mawa gelar "Raja Hijaz jeung Sultan Najd".

Dina 1927, gelar karajaan dirobih kana "Raja Hijaz jeung Najd jeung Depéndensi" sarta koin dikaluarkeun dina pecahan ¼, ½, jeung 1 Ghirsy tembaga-nikel; ¼, ½, jeung 1 Riyal pérak.

Dina 1935, koin kahiji dikaluarkeun dina ngaran Saudi Arabia. Koin-koin éta nyaéta ¼, ½, jeung 1 Riyal. Ghirsy tembaga-nikel ¼, ½, jeung 1 teras ogé dikaluarkeun dina 1937.

Dina 1963, Halala dipikawanohkeun jeung koin tembaga 1 Halala dikaluarkeun, diteraskeun ku pecahan 5, 10, 25, jeung 50 Halala tembaga-nikel dina 1972. Dina 1976, koin tembaga-nikel 1 Riyal dipikawanohkeun. Koin dwilogam 1 Riyal dikaluarkeun dina 1999.

Uang kertas

Dina 1953, Badan Monetér Saudi Arabia mimiti ngaluarkeun Kupon Haji 10 Riyal,[1] diteraskeun ku 1 Riyal dina 1954 jeung 5 Riyal dina 1956. Kupon-kupon éta kawas uang kertas sarta teras digunakeun ku jamaah haji pikeun ditukeur jeung mata uang asing. Kupon ieu jadi ilahar dipaké di Saudi Arabia jeung sacara luas ngaganti koin Riyal pérak dina raloba transaksi. Ku kituna, Badan Monetér nagara mimiti ngaluarkeun pecahan uang kertas 1, 5, 10, 50, jeunh 100 Riyal dina 15 Juni 1961. Kupon Haji ditarik ti édaran dina 1 Pébruari 1965.[2]

Pecahan 500 Riyal dipikawanohkeun dina 1983. Pecahan 20 jeung 200 Riyal dikaluarkeun dina taun 2000 pikeun ngélingan 100 taun pangadegan nu mana ayeuna jadi Karajaan Saudi Arabia. Édisi ka-5 nu mibogaan pameunteuna Raja Abdullah dikaluarkeun dina 2007.

Citakan ka-5

Dina 20 Méi 2007, "Badan Monetér Saudi Arabia, numutkeun Pasal 4 Undang-Undang Mata Uang Saudi Arabias, dikaluarkeun dina Dekret Karajaan No. 6 ping 1/7/1379 H." ngumumkeun édisi ka-5 tina Riyal Saudi Arabia nu mibogaan gambar Raja Abdullah bin Abdul Aziz dina sadaya pecahan iwal 500 Riyal (nu mibogaan gambar mendiang Raja Abdul Aziz As-Saud). Nu 100 jeung 50 Riyal dirilis 21 Méi 2007, nu 10 jeung 5 Riyal Juni 2007, sarta teras nu 500 Riyal dina Séptéber 2007, jeung ahirna nu 1 Riyal dina Désémber 2007. Séri ka-4 nu mana miboga gambar mendiang Raja Fahad bakal tetep sah dina hukum monetér Saudi Arabia.

Lembar uang Riyal Saudi Arabia (séri ka-5) [2]
GambarPecahanUkuranWarna utamaDéskripsiDikaluarkeunKahiji dikaluarkeunTanda cai
HareupTukang
[3]1 Riyal133 x 63 mmHéjo ngoraKoin emas Dinar abad ka-7; Raja Abdullahmarkas Badan Monetér Saudi Arabia200731 Désémber 2007Raja Abdullah, electrotype 1, Cornerstones
[4]5 Riyal145 x 66 mmNilaPanyulingan minyak Ras Tanorah; Raja AbdullahTerminal pamuatan tanker Ras Tanorah, Palabuan Jubayl di wewengkon wétan2007Juli 2007Raja Abdullah, electrotype 5, Cornerstones
[5]10 Riyal150 x 68 mmCoklatIstana Raja Abdul Aziz di Almoraba; Raja AbdullahPuseur Sajarah Raja Abdul Aziz, Riyadh2007Juli 2007Raja Abdullah, electrotype 10, Cornerstones
[6]50 Riyal155 x 70 mmHéjo kolotMasjid Kubah Batu di Yérusalem; Raja AbdullahMasjid Al-Aqsa jeung Masjid Kubah Batu di Yérusalem200721 Méi 2007Raja Abdullah, electrotype 50, Cornerstones
[7]100 Riyal160 x 72 mmBeureumKubah Héjo Masjid Qiba (Masjidna Kanjeng Nabi) di Madinah; Raja AbdullahMasjid Qiba (Masjidna Kanjeng Nabi) di Al-Madinah Al-Munawarah200721 Méi 2007Raja Abdullah, electrotype 100, Cornerstones
[8]500 Riyal166 x 74 mmPaulKa'bah di Mekah; Raja Abdul Aziz As-SaudMasjidil Haram2007Séptémber 2007Raja Abdul Aziz As-Saud, electrotype 500, Cornerstones

Nilai tukeur katangtu

Dina Juni 1986, Riyal sacara resmi ditangtukeun kana hak panangtuan husus IMF. Dina praktikna, Riyal ditetepkeun jeung 1 Dolar AS = 3,75 Riyal, nu mana kira-kira 1 Riyal = 0,266667 Dolar.[3][4] Nilai ieu diresmikeun dina 1 Januari 2003.

Tingali ogé

Citakan:Portalbox

  • Riyal Hijaz
  • Ékonomi Saudi Arabia


Rujukan

Tumbu kaluar

Citakan:Currencies of Asia