Sundal malam

spésiés tutuwuhan
Sundal malam
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Asparagales
Kulawarga:
Agavaceae
Génus:
Polianthes
Spésiés:
P. tuberosa
Ngaran binomial
Polianthes tuberosa L.
Bunga sedap malam

Sundal malam (Polianthes tuberosa, basa Indonesia: sedap malam nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga agavaceae. Ieu tutuwuhan kembangna kawas lily baheula remen dipelak di sakuriling buruan imah kusabab seungitna, kembangna anu bodas sok ngahaja diselapkeun dina buuk sangkan kaangseu seungit.[1] Ieu kembang ligar tur baris ngaluarkeun bau seungit di mana panon poé geus surup, ieu tutuwuhan kembang téh pituin ti nagara Cina.[2]Ngaran tuberosa ngajentrekeun di mana ieu tutuwuhan mibanda beuti (tuber), kiwari dipikawanoh sahenteuna aya 12 spésiés tina genus Polianthes.[3]

Ngaran séjén

Sundal malam disababaraha daérah dipiwanoh, saperti di: India wétan disebutna ratkirani, anu pihartieunna "ratu malam". Di Singapura ieu kembang disebutna xinxiao, anu hartina "tempat wereng eunteup". Di Persia, ieu kembang disebutna maryam, anu mangrupa ngaran ilahar pikeun awéwé. Di Hawaii ieu kembang dimangpaatkeun pikeun mapaés pangantén, baheula dina mangsa / zaman Viktoria ieu kembang dimangpaatkeun pikeun kembang di pajaratan. Seungit kembang ieu bisa disebut kompleks, eksotis, manis, jeung has bau kembang.[3]

Ieu tutuwuhan jangkung nepi ka 45 cm kalayan kembangna anu mibanda kelir bodas susu semu konéng pias. Daunna panjang kelirna héjo ngora ngumpul dina puhu tangkalna. Genus tutuwuhan ieu masih kénéh baraya deukeut jeung manfreda.[3]

Kagunaan

Kembang sundal malam geus ti abad ka 17 kénéh dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun minyak seungit, ieu mangsa mimiti di piwanoh di Eropa. Di Indonésia, sagigireun jadi kembang hiasan ogé kembang ieu dijieun salahsahiji bahan sayureun, saperti sop kembang sundul malam, kimlo atawa tekwan.[4][3]

Dicutat tina