11 April

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
282930 

11 April nyaéta poé ka-101 dina sataun (ka-102 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 264 poé.

Kajadian

  • 1241 – Batu Khan ngéléhkeun Béla IV ti Hongaria dina Patempuran Mohi.
  • 1512 – Perang Liga Cambrai: Pasukan Perancis nu dipingpin ku Gaston de Foix meunang dina Patempuran Ravenna.
  • 1544 – Perang Italia 1542–1546: Tentara Perancis ngéléhkeun pasukan Habsburg dina Patempuran Ceresole, tapi gagal mawa hasil tina kameunanganna.
  • 1689 – William III jeung Mary II diistrénan minangka pangawasa réréongan di Karajaan Inggris.
  • 1713 – Perang Suksési Spanyol (Perang Ratu Anne): Perjangjian Utrecht.
  • 1814 – Perjangjian Fontainebleau mungkas Perang Koalisi Kagenep ngalawan Napoléon Bonaparte, sarta maksa manéhna taluk tanpa syarat pikeun kali kahijina.
  • 1856 – Patempuran Rivas Kadua: Juan Santamaría ngaduruk losmén di mana milisi William Walker caricing.
  • 1868 – Manten shōgun Tokugawa Yoshinobu nyérénkeun Kastil Édo ka pasukan Karajaan, mungkas Shogun Tokugawa.
  • 1909 – Kota Tél Aviv diadegkeun.
  • 1921 – Emir Abdullah ngadegkeun pamaréntahan pusat di protéktorat Inggris nu anyar dijieun, Transyordania.
  • 1945Perang Dunia II: Pasukan Amérika ngabébaskeun kémp konséntrasi Buchenwald.
  • 1951 – Perang Koréa: Présidén Harry Truman ngabébastugaskeun Jéndral Angkatan Perang Douglas MacArthur tina komando di Koréa.
  • 1955 – Pasawat Air India, Puteri Kashmir, dibom sarta murag dina hiji usaha gagal panelasan Zhou Enlai ku Kuomintang.
  • 1957 – Karajaan Inggris nyatujuan kana pamaréntahan mandiri Singapura.
  • 1965 – Tornado Minggu Palma: Lima puluh hiji tornado narajang di genep nagara bagéan kulon tengah, nelasan 256 jalma.
  • 1968 – Présidén Lyndon B. Johnson nanda tangan Akte Hak-Hak Sipil 1968, ngalarang diskriminasi dina pangjualan, séwa jeung urusan paduitan perumahan.
  • 1968 – Usaha panelasan ka Rudi Dutchke, pamingpin pagerakan mahasiswa Jérman.
  • 1970 – Apollo 13 dipesatkeun.
  • 1976 – Komputer Apple I dijieun.
  • 1979 – Diktator Uganda, Idi Amin disingkirkeun, ku alpukahna Pasukan Tanzania ngarebut Kampala. Idi Amin kabur ka Libya.
  • 1981 – Kakacoan di Brixton, kiduleun London, ngakibatkeun ampir 300 pulisi cidera sarta 65 rahayat sipil tatu parna.
  • 1986 – Tétémbakan FBI Miami: Hiji campuh sanjata pabeubeurang di jalanan di Dade County, Florida, antara dua parampog bank nu nunggang mobil anti peluru jeung agén-agén FBI nu marerikna. Dina tétémbakan éta, agén FBI Benjamin P. Grogan jeung Jerry L. Dove perlaya sarta lima urang lianna cidera. Minangka hasilna, pélor .40 S&W dimekarkeun.
  • 1987 – Pasini London sacara rerencepan ditaréken ku Menlu Israél Shimon Peres jeung Raja Hussein ti Yordania.
  • 2001 – Kru pasawat AS EP-3E nu ngadarat di Hainan, Cina, sabada kapalna tabrakan jeung pasawat tempur J-8, dibarébaskeun.
  • 2002 – Pangeboman Sinagog Ghriba di Tunisia, nelasan 21 jalma.
  • 2002 – Leuwih ti dua ratus rébu jalma ngabandalet di Karakas ka istana présidén pikeun nungtut mundurna Présidén Hugo Chavez. Salapan belas di antarana kapaténi.
  • 2006 – Présidén Iran Mahmoud Ahmadinejad ngabéwarakeun pangakuan Iran nu geus hasil mekarkeun uranium.
  • 2007 – Pangeboman Aljazair: Dua pangeboman di Aljazair nelasan 33 jalma sarta nyideraan 222 urang lianna.
  • 2011 – Hiji beledugan di Metro Minsk, Belarusia, nelasan 15 jalma sarta nyideraan 204 lianna.
  • 2012 – Sapasang lindu lumangsung di Basin Wharton di kuloneun Sumatra, Indonésia. Sapuluh urang palastra sarta dua belas taratu, ogé tsunami nu teu pati bahaya kajadian di Pulo Nias.
  • 2015 – Barack Obama jeung Raúl Castro masamoan di Panama, patemon munggaran antara pupuhu kadua nagara éta ti saprak Révolusi Kuba.
  • 2018 – Pasawat Ilyushin Il-76 nu dipimilik jeung dioperasikeun ku AU Aljazair murag di deukeut Boufarik, Aljazair, nelasan 257 jalma.
  • 2019 – Nu ngadegkeun WikiLeaks, Julian Assange dipaksa kaluar ti kadutaan Ékuador di London ku pulisi sarta tuluy ditahan alatan teu bisa ngahadiran pangadilan ku dakwaan ékstradisi AS.
  • 2019 – Présidén Sudan Omar al-Bashir dirubuhkeun sarta ditahan ku tentara di Khartoum, sabada ngawasa salila 29 taun.

Nu babar

  • 1899 – Percy Lavon Julian, akademisi tur kimiawan Amérika-Afrika (td. 1975)
  • 1935 – Richard Kuklinski, mafia Amérika (td. 2006)
  • 1944 – Putu Wijaya, sastrawan Indonésia
  • 1966 – Lisa Stansfield, panyanyi Inggris
  • 1973 – Jennifer Esposito, artis Amérika
  • 1981 – Alessandra Ambrosio, modél Brasil
  • 1996 – Dele Alli, pamaén bola Inggris

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Parkinson Dunia

Tumbu luar