1572 – Dina Perang Dalapan Taun, Watergeuzen (tukang jajaluk ti laut/palaut bébas) ngarebut Brielle ti Propinsi Tujuh Welas, ngahasilkeun léngkah awal kana lemah nu jagana bakal jadi Républik Walanda.
1748 – Ruruntuhan Pompeii nu umurna leuwih ti 2.000 taun katimu ku Rocque Joaquin de Alcubierre ti Spanyol.
1826 – Samuel Morey nampa patén pikeun "Gas or Vapor Engine" (mesin semprot atawa mesin gas) nu teu maké komprésor.
1937 – Perang Sipil Spanyol: Jaén, Spanyol, dibom ku pasukan fasis Jérman dina raraga ngadukung ka Nasionalis Franscoist.
1939 – Perang Sipil Spanyol: Jéndral Fransisco Franco ti Nagara Spanyol ngabéwarakeun réngséna Perang Sipil Spanyol, nalika pasukan pamungkas Républik nyarérah.
1941 – Pangbantéyan Fântâna Albă: Antara 200 nepi ka 2.000 urang rahayat Romania ditelasan ku Pasukan Wates Soviét.
1941 – Kudéta militer di Irak ngarugrugkeun rejim Abdallah sarta nanjeurkeun Rasyid Ali al-Gaylani minangka perdana menteri.
1944 – Kasalahan Navigasi ngabalukarkeun Amérika salah ngabom ka Kota Schaffhausen di Swiss.
1945 – Perang Dunia II: Angkatan Perang Kasapuluh AS nyerang Angkatan Perang Ka-36 Jepang di Okinawa, ngamimitian Patempuran Okinawa.
1946 – Lini 8,6 Mw di Kapuloan Aleutian ngabalukarkeun tsunami tohaga di Hawaii.
2011 – Sabada protés ngalawan pangdurukan Qur’an jadi pakéwuh, sakumpulan jalma nyerang komplék PBB di Mazar-i-Sharif, Afghanistan, ngakibatkeun 13 urang palastra kaasup dalapan pagawé luar.
2016 – Pacéngkadan Nagorno-Karabakh: Perang Opat Poé dimimitian di sapanjang jalan asup ka Nagorno-Karabakh.
2019 – Éra Reiwa dibéwarakeun ku pamaréntah Jepang minangka mangsa kapamingpinan pibakaleun kaésar anyar Putra Mahkota Naruhito.
Nu babar
1776 – Sophie Germain, matématikawan, fisikawan sarta pilosop Perancis (d. 1831)
1815 – Otto von Bismarck, kanselir Jérman kahiji (td. 1898)