16 April

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
282930 

16 April nyaéta poé ka-106 dina sataun (ka-107 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 259 poé.

Kajadian

  • 1457 SM –  Dikira-kira minangka tanggal Patempuran Megiddo: Pasukan Thutmose III ti Mesir ngéléhkeun sajumlah gedé koalisi Kanaan dina pingpinan raja Kadesh. Patempuran munggaran nu kacatetkeun dina sajarah kalayan bisa diandelkeun.
  • 1520 – Pangbarontakan Comuneros dimimitian di Spanyol ngalawanan kakawasaan Raja Charles V.
  • 1582 – Pangjalajah Spanyol, Hernadon de Lerma ngadegkeun padumukan di Salta, Argéntina.
  • 1746 – Patempuran Culloden lumangsung antara Kaum Jacobite nu didukung ku Perancis ngalawan Kaum Hanoverian Inggris nu dipingpin ku William Augustus, Bangsawan Cumberland, di Skotlandia. Kaum Jacobite kasoran.
  • 1780 – Franz Friedrich Wilhelm von Fürstenberg ngadegkeun Universitas Münster, di Münster, Westphalia Kalér, Jérman.
  • 1799 – Perang Révolusi Perancis: Patempuran Gunung Tabor: Napoléon ngusir Pasukan Turki Utsmani ka peuntaseun Leuwi Yordan di deukeut Acre.
  • 1847 – Panémbakan ka saurang Maori ku saurang soldadu Inggris ngabalukarkeun dibukana Kampanye Wanganui dina Perang Selandia Anyar.
  • 1862 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Kincir Lee di Virginia.
  • 1881 – Di Kota Dodge, Kansas, Bat Masterson tarung dina campuh sanjatana nu pamungkas.
  • 1908 – Monumén Nasional Jambatan Alam diadegkeun di Utah.
  • 1917 – Vladimir Lenin mulang ka Petrograd, Rusia, ti pambuanganna di Swiss.
  • 1925 – Nalika panyerangan urang Komunis ka Garéja St. Nedelya di Sofia, Bulgaria, 150 urang palastra sarta 500 cidera.
  • 1941Perang Dunia II: Konpoy Tarigo Italia-Jérman diserang jeung diancurkeun ku kapal-kapal Inggris.
  • 1943 – Albert Hofmann sacara teu kahaja nimu éfék halusinogén tina obat LSD. Manéh sacara diniatan nginum obat éta tilu poé ti harita dina tanggal 19 April.
  • 1944 – Perang Dunia II: Pasukan Sakutu ngabombardinr Belgrade, nelasan kira-kira sarébu jalma. Waktuna babareungan jeung Paskah Karisten Ortodoks.
  • 1945 – Perang Dunia II: Tentara Beureum ngamimitian serangan ahir ka pasukan Jérman di sabudeureun Bérlin, kira-kira sajuta tentara campuh dina Patempuran Seelow Heights.
  • 1945 – Tentara AS ngabébaskeun kémp Oflag IV-C (leuwih kawentra ku Colditz) ti Nazi Jérman.
  • 1945 – Leuwih ti 7.000 jalma maraot nalika kapal pangungsi Jérman, Goya, ditilemkeun ku kapal selam Soviét.
  • 1947 – Hiji jeleguran di saluhureun hiji kapal barang di palabuan ngabalukarkeun kadurukna Kota Texas, nelasan leuwih ti 600 jalma.
  • 1947 – Bernard Baruch munggaran ngagunakeun istilah “Perang Tiis” pikeun ngagambarkeun hubungan antara AS jeung Uni Soviét.
  • 1952 – Kopassus diadegkeun
  • 1980 – Arthur Ashe reureuh tina ténes profésional.
  • 2001 – India jeung Bangladesh ngamimitian patelak wates nagara, tapi teu bisa ngaréngsékeun pacéngkadanna ngeunaan wates ieu.
  • 2003 – Perjangjian Accession ditarékeun di Athéna, ngaku kana sapuluh anggota anyar Uni Éropa.
  • 2007 – Panémbakan di Gedong Téhnologi Virginia: Seung-Hui Cho némbakan 32 jalma sarta nyideraan 17 lianna méméh manéhna tuluy maéhan manéh.
  • 2013 – Lini 7,8 mw narajang Propinsi Sistan jeung Baluchestan di Iran, nelasan 35 jalma sarta nyideraan 117 lianna.
  • 2013 – Pangbantéyan Baga dimimitian nalika milisi Boko Haram patelak jeung soldadu pamaréntah di Baga.
  • 2014 – Kapal féry Koréa Kidul, MV Sewol, tibalik jeung tilelep di deukeut Pulo Jindo, nelasan 304 panumpang jeung kru kapal sarta nungtun kana keritikan ti balaréa ka pamaréntah Koréa Kidul, média jeung otoritas angkutan kapal.
  • 2018 – Kendrick Lamar jadi rapper munggaran sarta luar tina musisi klasik atawa jazz nu meunangkeun Hadiah Pulitzer dina widang musik pikeun albeumna, “Damn”.

Nu babar

  • 1867 – Wilbur Wright, panemu Amérika (td. 1912)
  • 1889Charlie Chaplin, aktor Inggris (td. 1977)
  • 1927 – Paus Benediktus XVI
  • 1940 – Margrethe II, ratu Dénmark
  • 1954 – Ellen Barkin, artis Amérika
  • 1947 – Kareem Abdul-Jabbar, pamaén baskét NBA, Amérika
  • 1965 – Martin Lawrence, aktor Amérika
  • 1971 – Selena, tukang ngawih Amérika (td. 1995)
  • 1971 – Natasha Zvereva, pamaén ténes Belarusia
  • 1972 – Conchita Martínez, pamaén ténes Amérika-Spanyol
  • 1973Akon, rapper Amérika-Sinegal
  • 1976 – Shu Qi, artis Taiwan
  • 1977 – Freddie Ljungberg, pamaén bola Swédia
  • 1982 – Gina Carano, artis Amérika
  • 1990 – Tony McQuay, sprinter Amérika
  • 1990 – Nia Ramadhani, artis Indonésia
  • 2008 – Eléonore, putri Karajaan Bélgia

Nu pupus

  • 1850 – Marie Tussaud, seniman patung Perancis, nu ngadegkeun Muséum Lilin Madame Tussauds (l. 1761)
  • 1958 – Rosalind Franklin, élmuwati Inggris (l. 1920)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Sora Dunia
  • Poé Jadi Kopassus

Tumbu luar