1809 – Dua korps tentara Austria di Bavaria diéléhkeun ku Tentara Karajaan Perancis Kahiji nu dipingpin ku Napoléon dina Patempuran Abensberg.
1862 – Louis Pasteur jeung Claude Bernard ngaréngsékeun percobaan nu ngabantah kana téori generasi spontan.
1865 – Astronom Angelo Secchi ngébréhkeun cakram Secchi, keur ngukur tingkat kabersihan cai.
1898 – Présidén AS William McKinley néken résolusi réréongan ka Kongrés pikeun nyatakeun perang ka Spanyol, ngamimitian Perang Spanyol-Amérika.
1902 – Pierre jeung Marie Curie ngamurnikeun radium klorida.
1914 – Salapan welas lalaki, awéwé jeung barudak maraot dina Pangbantéyan Ludlow wanci panyerangan pagawé tambang Kolorado.
1918 – Manfred von Richthofen, alias The Red Baron, némbak korban ka-79 jeung ka-80-na, kameunangan pamungkasna méméh manéhna maot dina poé isukna.
1920 – Déklarasi Balfour meunang pangakuan, ngajadikeun Palestina minangka Mandat Inggris.
1945 – Perang Dunia II: Pasukan AS ngarebut Leipzig, Jérman, ngan ukur pikeun disérénkeun deui ka Uni Soviét.
1945 – Perang Dunia II: Führerbunker: Dina poéan ka-56 ulang taunna, Adolf Hitler nyieun lalampahan pamungkasna ka saluhureun lemah pikeun nyérénkeun panghargaan Iron Crosses ka soldadu budak di Hitler Youth.
1945 – Dua puluh barudak Yahudi nu dipaké pikeun percobaan medis di Neuengamme maraot di ruang handap Sakola Bullenhuser Damm.
1946 – Liga Bangsa-Bangsa sacara rasmi dibubarkeun, nyérénkeun sabagéan gedé kakawasaanna ka PBB.