27 April

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
282930 

27 April nyaéta poé ka-117 dina sataun (ka-118 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 248 poé.

Kajadian

  • 711 – Kaum Moor nu dipingpin ku Thoriq bin Ziyad ngadarat di Gibraltar pikeun ngamimitian serangan ka Bobojong Iberia (Andalusia).
  • 1296 – Perang Kamerdékaan Spanyol Kahiji: Tentara John Balliol ti Skotlandia diéléhkeun ku tentara Inggris nu dipingpin ku John de Warehne, Earl ka-6 ti Surrey dina Patempuran Dunbar.
  • 1521 – Patempuran Maktan: Pangjajah Ferdinand Magellan nemasing pati ku suku pribumi Philipina nu dipingpin ku Katua Suku Lapu-Lapu.
  • 1522 – Pasukan gabungan Spanyol jeung Nagara Papal ngéléhkeun tentara Perancis jeung Venesia dina Patempuran Biicocca.
  • 1539 – Diwangun deuina Kota Bogota, New Granada (kiwari Kolombia) ku Nikolaus Federmann jeung Sebastian de Belacazar.
  • 1565 – Cebu diadegkeun, jadi padumukan munggaran urang Spanyol di Philipina.
  • 1650 – Patempuran Carbisdale: Tentara Karajaan ti Orkney nyerang lemah Skotlandia tapi kasoran ku tentara Covenanter.
  • 1667 – Jalma lolong jeung sangsara, John Milton, ngajual hak cipta puisina, Paradise Lost saharga £10.
  • 1777 – Perang Révolusi Amérika: Patempuran Ridgefield: Pasukan Inggris patelak tur ngéléhkeun tentara jeung milisi Kontinental di Ridgefield, Connecticut.
  • 1805 – Perang Barbar Kahiji: Marinir AS jeung Kaum Barbar nyerang Kota Tripoli di palebah Palabuan Derna.
  • 1813 – Perang Taun 1812: Pasukan Amérika ngarebut York, puser Kanada Tonggoh, dina Patempuran York.
  • 1909 – Sultan Turki Utsmani Abdul Hamid II dirugrugkeun sarta diganti ku dulurna, Mehmed V.
  • 1941Perang Dunia II: Pasukan Jérman asup ka Athéna.
  • 1945 – Perang Dunia II: Benito Mussolini dicerek ku partisan Italia di Dongo, nalika manéhna rék kabur ku cara nyamur maké saragam tentara Jérman.
  • 1953 – Operasi Moolah ngawawarkeun $50.000 ka sing saha waé pilot nu daék biluk bari mawa pasawat mikoyan-Gruvich MIG-15 ka Koréa Kidul. Pilot nu kahiji bakal meunang $100.000.
  • 1956 – Juara dunia kelas beurat tinju nu teu kaéléhkeun, Rocky Marciano, reureuh tina tinjuna.
  • 1960Togo meunangkeun kamerdékaan ti Perancis.
  • 1961Sierra Leone meunangkeun kamerdékaan ti Karajaan Inggris, Milton Margai minangka PM kahijina.
  • 1974 – Sapuluh rébu jalma pawéy di Washington, D.C., nungtut kana pamakzulan Présidén Richard Nixon.
  • 1978 – Révolusi Saur dimimitian di Afghanistan, lekasan dina subuh isukna ku ditelasanna Présidén Afghanistan Mohammed Daud Khan jeung diadegkeunna Républik Démokratik Afghanistan.
  • 1981 – Xerox PARC ngeunalkeun mos komputer.
  • 1986 – Kota Pripya jeung sabudeureunna diévakuasi alatan musibah Chernobyl.
  • 1987 – Departemén Kaadilan AS ngalarang Présidén Austria Kurt Waldheim (katut bojona, Elisabeth, nu baheulana saurang Nazi) pikeun arasup ka AS, nuduh manéhna geus ngabantuan kana déportasi jeung éksékusi tina rébuan urang Yahudi tur nu lianna salaku perwira militer Jérman nalika Perang Dunia II.
  • 1992 – Républik Féderal Yugoslavia, nu diwangun ku Sérbia jeung Montenegro, diproklamirkeun.
  • 1992 – Féderasi Rusia jeung 12 manten Républik Soviét lianna jaradi anggota IMF jeung Bank Dunya.
  • 1993 – Sakabéh anggota timnas ménbal Zambia maraot nalika pasawatna nu miang ti Libreville, Gabon, arék ka Dakar, Sinegal, pikeun tanding kualifikasi Piala Dunia 1994 murag di tengah jalan.
  • 1994 – Pamilihan umum démokratik nu munggaran di Afrika Kidul, di mana warga nagara hideung bisa ngiluan milih. Konstitusi Samentara mimiti lumaku.
  • 2003 – Bom ngajelegur di Bandara Soekarno-Hatta, sapuluh urang tatu.
  • 2006 – Pangwangunan Munara Kabébasan dimimitian (kaituna diganti ngaran jadi One World Trade Center) di Kota New York.
  • 2007Otoritas Éstonia mindahkeun patung Soldadu Parunggu, hiji penginget-nginget Tentara Beureum Soviét di Tallinn, di tengah-tengah kontrovérsi jeung Rusia.
  • 2007 – Arkéolog Israél nimu makam Herod Agung di kiduleun Yérusalem.
  • 2011 – Angin Super Taun 2011 ngancurkeun bagéan Kidul Wétan Amérika Sarikat, hususna Nagara Bagéan Alabama, Mississippi, Georgia jeung Tennessee. Dua ratus lima tornado nembrag dina tanggal 27 April wungkul, nelasan leuwih ti 300 jalma sarta nyideraan ratusan lianna.
  • 2012 – Saheunteuna lima bom narajang Kota Dnipropetrovsk di Ukraina, dua puluh tujuh jalma taratu.
  • 2018 – Déklarasi Panmunjom ditaréken antara dua Koréa, sacara rasmi ngedalkeun niat kadua nagara éta pikeun ngeureunan pacengkadan.
  • 2019Paus Fransiskus nyumbangkeun $500.000 pikeun imigran nu kasangsaya di Méksiko nalika rék nuju ka AS.

Nu babar

  • 1593 – Mumtaz Mahal, ratu Mogul, bojona Raja Syah Jahan (td. 1631)
  • 1791Samuel Morse, panemu Amérika, salah sahiji nu ngajieun sandi Morse (td. 1872)
  • 1820 – Herbert Spencer, ahili biologi, antropologi, sosiologi jeung pilosop Inggris (td. 1903)
  • 1822 – Ulysses S. Grant, présidén AS ka-18 (td. 1885)
  • 1848 – Otto Raja Bavaria (td. 1916)
  • 1907 – Amir Syarifuddin, PM Indonésia ka-2 (td. 1948)
  • 1927 – Sheila Scott, pilot Inggris (awéwé munggaran nu ngapungkeun pasawat ngurilingan dunya) (td.1988)
  • 1958Dedi Gumelar, tukang lawak (Miing) tur amggota DPR
  • 1964 – Suti Karno, artis Indonésia
  • 1967 – Willem-Alexander, raja Walanda
  • 1980 – Ananda Mikola, tukang balap Indonésia
  • 1981Baim Wong, aktor Indonésia
  • 1990 – Zaskia Gotik, tukang ngawih dangdut Indonésia

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Lambaga Pamasarakatan Indonésia
  • Poé Disain Grafis Dunia

Tumbu luar