17 April

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
282930 

17 April nyaéta poé ka-107 dina sataun (ka-108 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 268 poé.

Kajadian

  • 1349 – Kakawasaan Dinasti Bavand di Mazandaran lekasan ku ditelasanna Hasan II.
  • 1362 – Kastil Kaunas murag ka Tatanan Teutonik sabada pangepungan salila sabulan.
  • 1492 – Spanyol jeung Christopher Columbus néken Sérén Sumérén Santa Fe pikeun pamianganna ka Asia pikeun nyiar bubumbuan.
  • 1524 – Giovanni da Verrazzano, pangjalajah Perancis, anjog ka Palabuan New York.
  • 1797 – Sir Ralph Abercromby nyerang  San Juan, Puérto Riko, nu bakal jadi serangan panggedé-gedéna ka wilayah Spanyol di Amérika.
  • 1808 – Dekrit Bayonne ku Napoléon I ti Perancis, maréntahkeun pikeun nyita kabéh kapal-kapal AS.
  • 1864 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Plymouth dimimitian: Pasukan Konféderasi nyerang Plymouth, North Carolina.
  • 1876 – Panyalametan Catalpa: Panyalametan genep urang tahanan Fenian ti Panjara Fremantle di Australia Kulon.
  • 1895 – Perjangjian Shimonoseki antara Cina jeung Jepang ditaréken. Hal ieu nandaan réngséna Perang Cina Jepang Kahiji, sarta Karajaan Qing nu kasoran dipaksa pikeun ngaleupaskeun bagéan kidul nyaéta Provinsi Fentieng, Taiwan jeung Kapuloan Pescadores ka Jepang.
  • 1907 – Puseur imigrasi Pulo Ellis ngaladangan 11.747 urang, leuwih réa deui dina poé-poé satuluyna.
  • 1912 – Pasukan Rusia némbakan para pagawé ladang emas di Siberia kalér wétan, nelasan saheunteuna 150 urang.
  • 1932 – Raja Éthiopia Halle Selassie nutup perbudakan.
  • 1941Perang Dunia II: Karajaan Yugoslavia nyerah ka Jérman.
  • 1942 – Tawanan perang Perancis, Jénderal Henri Giraud kabur ti panjara kastilna di Bénténg Königstein.
  • 1945 – Perang Dunia II: Montese, Italia, dibébaskeun ti pasukan Nazi.
  • 1949 – Dina wanci tengah peuting, 26 wilayah bagéan Irlandia sacara rasmi ninggalkeun Pasamakmuan Inggris. Ditandaan ku 21 tembakan salto di Jambatan O’Connell, Dublin, Républik Irlandia.
  • 1961 – Serangan ka Teluk Babi: Sakelompok jalma pangbuangan Kuba nu dilatih jeung diwaragadan ku CIA ngadarat di Teluk Babi, Kuba, ku tujuan rék ngagulingkeun Fidel Castro.
  • 1969 – Sirhan Sirhan disidang pikeun panelasan Robert F. Kennedy.
  • 1971 – Républik Rakyat Bangladésh diadegkeun.
  • 1975 – Perang Sipil Kamboja réngsé. Khmér Beureum ngarebut Ibu Kota Phnom Penh sarta pasukan pamaréntah Kamboja nyarerah.
  • 1993 – Dua urang pulisi Los Angeles disidang di pangadilan féderal alatan ngalanggar hak-hak sipil Rodney King.
  • 2006 – Saurang pangebom maéhan manéh Palestina ngajelegurkeun parabot bom di hiji réstoran di Tel Aviv, nelasan 11 jalma sarta nyideraan 70 lianna.
  • 2012 – Kitab Injil St. Cuthbert ti abad ka-8, kitab pangkolotna di Éropa nu masih kénéh beleger, dibeuli ku Perpustakaan Inggris saharga salapan juta pounds.
  • 2017 – Cacing raksasa nu hirup kénéh munggaran kapanggih di Philipina, panjangna 91 cm.
  • 2018 – Protés lumangsung di sakuliah India alatan diparkosa jeung ditelasanna saurang budak awéwé Muslim nu umurna karak 8 taun di Kathua, Bengalu.
  • 2019 – Hiji beus turis tibalik di Pulo Madeira, Portugis, nelasan 29 panumpang, lolobana turis Jérman.
  • 2019 – Numutkeun hiji paneuleuman, sapuluh orok nu ngabogaan "panyakit bubble boy" calageur maké terapi pikeun narékahan HIV di Rumah Sakit Panalitian Budak, Memphis.

Nu babar

  • 1820 – Alexander Cartwright, urang Amérika nu ngajieun kaulinan baseball (td. 1892)
  • 1837 – J. P. Morgan, bankir Amérika nu ngadegkeun J.P. Morgan & Co. (td. 1913)
  • 1961 – Parto, tukang bodor Indonésia
  • 1964 – Nia Daniati, tukang ngawih Indonésia
  • 1972 – Jennifer Garner, artis Amérika
  • 1974Victoria Beckham, parancang baju Inggris
  • 1980 – Donnie Sibarani, musisi Indonésia (ADA Band)
  • 1985Rooney Mara, artis Amérika
  • 1993 – Erica Putri, artis Indonésia

Nu pupus

  • 1790 – Benjamin Franklin, jalma masagi ti Amérika, présidén Pennsylvania kagenep (l. 1706)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Hémophili Dunia

Tumbu luar