18 Januari

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

18 Januari nyaéta poé ka-18 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 347 poé (348 dina taun kabisat).

Kajadian

  • 1591 – Raja Naresuan ti Siam maténi Putra Mahkota Mingyi Swa ti Burma dina hiji tarung patutunggalan, nu mana tanggal ieu dipiéling minangka Poé Pasukan Basanjata Thailand.
  • 1778James Cook mangrupa urang Éropa munggaran nu dipikanyaho manggihan Kapuloan Hawaii, nu dingaranan ku manéhna minangka "Kapuloan Sandwich".
  • 1788 – Unit kahiji tina Armada Kapal Munggaran nu mawa 736 narapidana ti Inggris ka Australia nepi ka Basisir Botani.
  • 1806 – Jan Willem Janssens ti Hindia Walanda, nyerénkeun Koloni Tanjung Harepan ka Inggris.
  • 1886 – Permaénan Hoki modéren dijieun bareng jeung dibentukna Asosiasi Hoki di Inggris.
  • 1896 – Mesin nu ngahasilkeun Sinar X munggaran dipamérkeun ku H. L. Smith.
  • 1911 – Eugene B. Ely ngadaratkeun pasawatna kana kapal laut USS Pennsylvania nu ngajangkar di Basisir San Francisco, minangka kali kahijina hiji pasawat udara ngadarat dina kapal laut.
  • 1919Perang Dunia I: Konferénsi Perdaméyan Paris dibuka di Versailles, Perancis.
  • 1941Perang Dunia II: Pasukan Inggris mesatkeun hiji serangan balik ka Afrika Wétan Italia.
  • 1969 – Boeing 727 United Airlines murag di Basisir Santa Monica, nelasan 32 panumpang jeung genep kru kapal.
  • 1974 – Hiji kapaheutan Pangudaran Pasukan ditéken antara Israél jeung Mesir, mungkas pacéngkadan kadua nagara éta nalika Perang Arab-Israél.
  • 1976 – Milisi Karisten Libanon nelasan saheunteuna serébu jalma di jero Karantina di Béirut.
  • 1977 – Para élmuwan ngaidentifikasi sajenis baktéri nu can kanyahoan saméméhna minangka panyabab panyakit Legionnaire nu misterius.
  • 1977 – PM Yugoslavia, Džemal Bijedić, pamajikanna jeung genep urang lianna nemasing pati alatan pasawatna murag di Bosnia jeung Hérzégowina.
  • 2002 – Perang Sodara di Sierra Leone réngsé.
  • 2003 – Kahuruan rurungkunan di Australia nelasan opat jalma jeung ngancurkeun 500 imah.
  • 2005 – Pasawat Airbus A380, pasawat jét panggedéna di dunia, dipajangkeun dina hiji kariaan di Toulouse, Perancis.
  • 2007 – Siklon Kyrill ngabalukarkeun saheunteuna 44 korban jiwa di 20 nagara di Éropa Kulon.
  • 2008 – Karajinan keramik Euphronios Krater dipamerkeun di Roma sanggeus dipulangkeun ka Itali ku Muséum Seni Metropolitan.
  • 2018 – Beus nu kahuruan di jalan Samara-Shymkent di Distrik Yrgyz, Aktobe, Kazakhstan, nelasan 52 panumpang, tilu panumpang jeung dua supir saralamet.

Nu babar

  • 1689 – Montesquieu, philosop jeung ahli hukum Perancis (td. 1755)
  • 1868 - Kantarō Suzuki Perdana Mentri Jepang ka-42.
  • 1931 – Chun Doo-hwan, présidén Koréa Kidul ka-5
  • 1944 – Paul Keating, PM Australia ka-24
  • 1955 – Kevin Costner, aktor Amérika
  • 1964 – Virgil Hill, atlét tinju Amérika
  • 1967 – Iván Zamorano, pamaén bola Chili
  • 1969 – Dave Bautista, pagulat, patarung gaya bébas, aktor Amérika
  • 1969 – Jesse L. Martin, aktor Amérika
  • 1971 – Jonathan Davis alias JD alias J Devil, panyanyi Amérika (Korn)
  • 1971 – Pep Guardiola, pamaén, manajer bola Spanyol
  • 1980 – Jason Segel, aktor Amérika
  • 1988 – Angelique Kerber, atlét ténes Jérman

Nu pupus

2016 – Glenn Frey, musisi Amérika (the Eagles) (b. 1948)

Poé peré / Poé panginget-nginget

Tumbu luar