1920 – Perjangjian Versailles mimiti éféktif, sacara résmi ngaréngsékeun Perang Dunia I.
1929 – Komik Tintin munggaran medal dina hiji majalah Bélgia di Perancis.
1946 – Majelis Umum PBB nu munggaran di buka di London. Lima puluh hiji nagara jadi wawakil.
1954 – Pasawat BOAC 781, de Havilland DH.106 Comet 1, ngabeledug jeung murag ka Laut Tyrrhenian, nelasan 35 jalma.
1966 – Déklarasi Tashkent, hiji pasini daméy antara India jeung Pakistan nu ditanda tangan pikeun mungkas Perang India - Pakistan 1965.
1972 – Syéh Mujibur Rahman mulang ka nagara Bangladesh nu anyar merdéka pikeun jadi présidén, sabada dibui salila salapan bulan di Pakistan.
1985 – Daniel Ortega ti Sandinista jadi présidén di Nikaragua sarta sumpah bakal ngarubah nagarana jadi nagara sosialis sarta biluk ka Uni Soviét jeung Kuba.
1990 – Time Warner diadegkeun ku ngagabungna Time Inc. jeung Warner Communications. Kaituna jadi Warner Media.
2007 – Hiji serangan umum ku oposisi jeung sarikat dagang dimimitian di Guinea minangka hiji usaha pikeun ngarugrugkeun Présidén Lansana Conté.
2012 – Hiji pangeboman di Agensi Khyber, Pakistan, nelasah saheunteuna 30 jalma jeung 78 lianna taratu. Pangeusi lokal curiga ka pamingpin suku lokal, Mangal Bagh minangka palakuna.
2013 – Leuwih ti 100 jalma palastra sarta 270 cidera alatan sababaraha bom di Pakistan. Lashkar-e-Jhangvi, hiji militan sunni ngaku tanggung jawab kana kajadian éta.
Nu Babar
1944 – Frank Sinatra, Jr., musisi Amérika (td. 2016)