28 Januari

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

28 Januari nyaéta poé ka-28 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 337 poé (338 dina taun kabisat).

Kajadian

  • 1393 – Raja Charles VI ti Perancis méhméhan nemasing pati nalika sababaraha kostum tukang ngibing kaduruk dina hiji hajatan masquerade.
  • 1624 – Sir Thomas Warner ngadegkeun koloni Inggris munggaran di Kapuloan Karibia, di Pulo Saint Kitts.
  • 1671 – Kota asli Panama (diadegkeun taun 1519) ancur nalika palaut Henry Morgan nyerang jeung ngaduruk kota éta. Kiwari ruruntuhanna masih kénéh katara.
  • 1724 – Akademi Kailmuan Rusia diadegkeun ku Peter Agung di St. Petersbug. Nelah ku Akademi St. Petersbug semet ka taun 1917.
    1754 – Sir Horace Walpole ngajieun kecap serendipity dina hiji surat ka babaturanna.
  • 1813 – Novel Jane Austen Pride and Prejudice munggaran medal di Inggris.
  • 1846 – Patempuran Aliwal di India, antara pasukan Sikh jeung pasukan Inggris dina pingpinan Sir Harry Smith, dimeunangkeun ku pasukan Inggris.
  • 1855 – Hiji karéta api mimiti maju dina Rél Karéta Terusan Panama ti Samudera Atllantik nepi ka Samudera Pasifik.
  • 1871 – Perang Perancis-Prusia: Pangepungan Paris réngse ku éléhna Perancis sarta hiji pasini daméy.
  • 1896 – Walter Arnold ti Peckham Wétan, Kent, jadi jalma munggaran nu didakwa ku kekebutan. Manéhna didenda sa-shilling alatan jalan dina kacepetan 8 mpj (13 km/jam), ngaleuwihan batas maksimal harita, 2 mpj (3,2 km/jam).
  • 1909 – Pasukan Amérika Sarikat ninggalkeun Kuba kajaba Markas Angkatan Laut Basisir Guantanamo. sabada nyicingan ti saprak Perang Amérika-Spanyol.
  • 1918 – Perang Sodara Finlandia: Pamungpang Red Guard ngawasa puseur nagri Helsinki; para anggota Sénat Finlandia nyarumput sahandapeun lemah.
  • 1932 – Pasukan Jepang nyerang Shanghai.
  • 1933 – Ngaran Pakistan diwanohkeun ku Khudri Rahmat Ali Khan sarta ditarima ku kaum Muslim India nu ku kahareupna dipake nalika Pagerakan Pakistan ngudag kamerdékaan.
  • 1935Islandia jadi nagara munggaran nu ngameunangkeun terapi aborsi.
  • 1938 – Rékor kacepetan di darat di dunia dipecahkeun ku Rudolf Caracciola nu nunggang Mercedes-Benz W195 dina kacepetan 432,7 kilométer per jam (268.9 mpj).
  • 1945 – Perang Dunia II: Bebekelan mimiti narepi ka Républik China ku anyar dibukana Jalan Burma.
  • 1956Elvis Presley munggaran minton na tivi.
  • 1958 – Pausahaan Légo maténtkeun bata Légo-na, nu masih kénéh sawawa jeung bata Légo nu dijieun kiwari.
  • 1964 – Pasawat Air Force T-39 Sabreliner AS nu teu mawa sanjata dina hiji misi latihan, ditémbak murag saluhureun Erfurt, Jérman Wétan ku pasawat MIG-19 Soviét,
  • 1980 – Kapal USCGC Blackthorn tabrakan jeung tangkér Capricorn nalika miang ti Tampa, Florida sarta tuluy tibalik, nelasan 23 anggota Panjaga Pantéy.
  • 1981Ronald Reagan nyabut aturan ngeunaan pangbagian jeung harga minyak di Amérika Sarikat pikeun ngaréngsékeun krisis énergi 1979 sarta ku kituna ngakibatkeun turunna harga minyak di taun 80-an,
  • 1982 – Jéndral Angkatan Darat AS, James L. Dozier disalametkeun ku pasukan anti-téror Italia tina panahanan ku Brigade Beureum.
  • 1984 – Badéy Tropis Domoina narajang Mozambik, antukna ngakibatkeun korban 214 maot sarta sababara banjir pangtohagana nu kungsi kacatetkeun di wilayah éta.
  • 1985 – Grup Super USA for Africa (United Support of Artists for Africa) nyieun rékaman singel We Are the World, pikeun ngabantu nyiar waragad keur nguntupan kalaparan di Éthiopia.
  • 1986 – Pasawat Antariksa Challenger ngajelegur saharita sabada ngapung, nelasan sakabéh tujuh astronot di sajeroeunna.
  • 2002 – Pasawat TAME 120, Boeing 727-100 murag di Pagunungan Andés di kiduleun Kolombia, korban maot 92 jalma.
  • 2006 – Hateup salah sahiji wangunan di Pasar Murah Internasional Katowice di Polandia, rubuh ku alatan beuratna salju saluhureunna, nelasan 65 urang sarta nyideraan 170 séjénna.

Nu babar

  • 1841 – Henry Morton Stanley, jurnalis jeung pangjalajah Amérika-Wales (td. 1904)
  • 1884 – Auguste Piccard, fisikawan jeung pangjalajah Swiss (td. 1962)
  • 1950 – Hamad bin Isa Al Khalifa, raja Bahrain
  • 1955 – Nicolas Sarkozy, présidén ka-23 Perancis
  • 1968 – Sarah McLachlan, musisi Kanada
  • 1978 – Gianluigi Buffon, kiper Italia
  • 1978 – Jamie Carragher, pamaén bola Inggris
  • 1981 – Elijah Wood, aktor Amérika
  • 1984 – Andre Iguodala, pamaén baskét Amérika
  • 1985 – J. Cole, rapper Amérika
  • 1992Shireen Sungkar, artis Indonésia
  • 1998 – Ariel Winter, artis Amérika

Nu pupus

Poé peré

  • Poé Data Pribadi (Internasional)

Tumbu luar