12 Januari

Kaping dina sistim kalénder
123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

12 Januari nyaéta poé ka-12 dina kalénder Gregorian, sésana 353 poé (354 dina taun kabisat).

Kajadian

  • 1554 – Bayinnaung, nu bakal ngadegkeun karajaan panglegana dina sajarah Asia Kulon Kidul diistrénan jadi Raja Burma.
  • 1866 – Masarakat Aeronautik Karajaan diadegkeun di London.
  • 1895National Trust (lambaga nu merhatikeun konservasi alam) diadegkeun di Karajaan Inggris.
  • 1908 – Pesen jarak jauh munggaran dikirim ti Munara Éiffel.
  • 1945Perang Dunia II: Red Army ngamimitian Serangan Vistula–Oder.
  • 1962 – Perang Viétnam: Operasi Chopper, misi tempur munggaran Amérika dina perang éta lumangsung.
  • 1967 – Dr. James Bedford jadi jalma munggaran nu di-cryonics (ngawétkeun mayit ku cara ditiiskeun) di Yayasan Panambahan Umur Alcor ku niat jaga rék sina dihirupan deui.
  • 1970 – Biafra serah bongkokan, ngaréngsékeun Perang Sodara Nigeria.
  • 1990 – Pangbantéan tujuh poé dimimitian di Kota Baku, Azerbaijan nu dieusi ku urang Arménia. Haritan urang Arméni digarebugan, disiksa, ditelasan sarta diusiran ti kota.
  • 1991 – Perang Teluk: Kongrés AS ngijinan pasukan militer Amérika pikeun ngusir Irak ti Kuwait.
  • 1998 – Salapan welas nagara Éropa satuju pikeun ngalarang cloning jelema.
  • 2001 – Downtown Disney dibuka pikeun umum minangka bagéan ti Disneyland di Anaheim, California.
  • 2004 – Kapal laut panumpang panggedéna di dunia, RMS Queen Mary 2, mimiti balayar.
  • 2006 – Kakacoan nalika ngalung jumroh dina poé panungtung Ibadah Haji di Mina, ngabalukarkeun maotna 362 jamaah.
  • 2010 – Gempa bumi lumangsung di Haiti, nelasan leuwih ti 100.000 jalma sarta ngancurkeun sabagéan gedé puseur nagri Port au Prince.
  • 2015 – Serangan pasukan pamaréntah nelasan 143 urang pajoang Bako Haram di Kolofata, Kamerun.
  • 2016 – Sapuluh jalma maraot sarta 15 taratu dina hiji pangeboman di deukeut Masjid Biru di Istambul.

Nu babar

  • 1944 – Joe Frazier, tukang tinju Amérika (td. 2011)
  • 1949 – Ottmar Hitzfeld, pamaén bola, manajer, Jérman.
  • 1949 – Hamadi Jebali, PM Tunisia ka-19
  • 1951 – Kirstie Alley, artis Amérika
  • 1964 – Jeff Bezos, élmuwan komputer jeung pangusaha Amérika, ngadegkeun Amazon.com
  • 1968 – Mauro Silva, pamaén bola Brasil
  • 1970 – Zack de la Rocha, musisi Amérika (Rage Against the Machine)
  • 1987 – Ricky Harun, aktor Indonésia
  • 1991 – Pixie Lott, musisi, tukang ngibing tur artis Inggris.
  • 1993Zayn Malik, musisi Inggris
  • 1993 – Do Kyungsoo, tukang ngawih Koréa Kidul (EXO)
  • 1995 – Alessio Romagnoli, pamaén bola Italia

Nu pupus

  • 1976 – Agatha Christie, novelis carita kriminal Inggris (b. 1890)
  • 2003 – Maurice Gibb, musisi Australia (Bee Gees) (b. 1949)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar