5 Januari

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

5 Januari nyaéta poé ka-5 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 360 poé (361 dina taun Kabisat).

Kajadian

  • 1757 – Raja Louis XV ti Perancis salamet tina usaha panelasan ku Robert-Francois Damiens, jalma pamungkas nu dihukum ku cara digusur jeung dibeulah awakna ku ditalikeun kana kuda-kuda, hiji hukuman tradisional sadis pikeun jalma nu nandasa urang karajaan.
  • 1781 – Perang Révolusioner Amérika: Richmond, Virginia, diduruk ku angkatan laut Inggris pimpinan Benedict Arnold.
  • 1913 – Perang Balkan Kahiji: Patempuran Lemnos dimimitian; Admiral Yunani Pavlos Kountouriotis ngadeseh kapal perang Turki mundur ka jeroeun Selat Dardanella, di mana ti dinya teu bisa kamamana deui semet ka réngséna perang.
  • 1919 – Partéy Pagawé Jérman, nu jagana jadi Partéy Nazi diadegkeun di Munich.
  • 1941 – Amy Johnson, 37 taun, awéwé munggaran nu ngapungkeun pasawat sorangan ti London ka Australi, ngilang sabada ngacleng tina kapalna di saluhureun Leuwi Thames sarta diangkeuh geus maot.
  • 1950 – Kacilakaan Sverdlovsk, 19 jalma anggota tim hoki AU Soviét katut tim dokter jeung tukang pijetna, maraot nalika pasawat Lisunov Li-2 murag di Sverdlovsk, Rusia.
  • 1957 – Dina hiji pidato hareupeun Kongrés AS, Présidén Dwight D. Eisenhower ngabéwarakeun pangadegan naon anu engkéna nelah minangka Doktrin Eisenhower.
  • 1970 – Lini 7,1 Mw  Tonghai ngoyagkeun Tonghai, Provinsi Yunan, China, ku intensitas Mercalli maksimum X (Ekstrim). Antara 10.000 sarta 15.000 jalma palastra sarta kurang leuwih 26.000 cidra.
  • 1976 – Para panémbak nelasan sapuluh urang Protéstan di Padésaan Armagh, Irlandia Kalér, Karajaan Inggris, minangka wawales kana serangan nu nelasan genep urang Katolik ku Loyalis dina peuting saméméhna.
  • 1991 – Pasukan Géorgia asup ka Tskhinvali, puseur nagri Ossetia Kidul, Géorgia, ngamimitian Perang Ossetia Kidul taun 1991-1992.
  • 1991 – Perang Sipil Somalia: Kadutaan AS pikeun Somalia di Mogadishu diévakuasi maké hélikopter sababaraha poé sanggeus lumansungna kaheurasan di Mogadishu.
  • 1993 – Kapal téngker MV Braer kabangtin ka basisir di Kapuloan Shetland, Skotlandia, mahékeun 84.700 ton minyak atah.
  • 2005 – Eris, planét kurcaci pangpeupeulna jeung panggedéna dina Sistém Tata Surya, katimu ku tim Michael E. Brown, Chad Trujillo jeung David L. Rabinowitz ngagunakeun gambar nu aslina dicokot dina tanggal 21 Oktober 2003 di Observatorium Palomar.

Nu babar

  • 1928 – Zulfikar Ali Bhutto, présidén kaopat Pakistan
  • 1931 – Robert Duvall, aktor Amérika
  • 1946 – Diane Keaton, artis Amérika
  • 1952 – Uli Hoeneß, pamaén sepakbola Jérman
  • 1961 – Iris DeMent, musisi Amérika
  • 1969Marilyn Manson, tukang ngawih Amérika
  • 1975Bradley Cooper, aktor Amérika
  • 1976 – Diego Tristán, pamaén bola Spanyol
  • 1986 – Deepika Padukone, artis India

Nu pupus

  • 1922 – Ernest Shackleton, pangjalajah Inggris-Irlandia (l, 1874)
  • 1941 – Amy Johnson, pilot Inggris (l. 1903)
  • 2014 – Eusébio, pamaén bola Portugis kalahiran Mozambik (l. 1942)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar