Arsen

Arsen, arsenik, atawa arsenikum nyaéta unsur kimia dina tabél périodik anu miboga simbol As jeung nomor atom 33.[1] Arsen kapanggih dina taun 1250 ku Albertus Magnus.[2] Di alam mah kapanggihanna dina sawatara mineral siga orpiment (AS2S3), realgar (AsS), arsenopirit, jeung minangka oksida jeung arsenat.[2] Arsen mangrupa unsur métaloid (amfoter), banda padet nu warnana abu-abu pérak, ngagurilap pisan (bisa burem ku ayana hawa).[2] Sipat kimiana mirip fosfor, langsung ngaréaksi ku halogén, jeung mun dipanaskeun bakal gancang kaoksidasi jadi arsen(III)oksida anu bauna siga bawang bodas.[2] Dua wangun alotropi séjénna nyaéta arsen konéng jeung arsen hideung ngagurilap, tapi arsen abu-abu mah leuwih stabil.[2] Arsen dipaké pikeun bahan komponén campuran logam jeung semikonduktor.[2]

Abu-abu métalik

Rujukan