Bawang bodas
Bawang Bodas | |
---|---|
Bawang putih | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Ordo: | Asparagales |
Kulawarga: | Alliaceae |
Subfamili: | Allioideae |
Tribus: | Allieae |
Génus: | Allium |
Spésiés: | A. sativum |
Ngaran binomial | |
Allium sativum |
Bawang bodas atawa Allium sativum L, mangrupa pepelakan anggota familia lilaceae anu loba tumuwuh di Indonésia utamana di Jawa Tengah sarta Nusa Tenggara.[1][2]
Asal Muasal
Asia tengah nyaéta lokasi anu mangrupa pusat asal muasalna bawang bodas sarta A Longicuspis anu boga sipat éndemik di Asia tengah, bisa mangrupa tipe nini moyang liarna.[3] Bisa dicindekkeun A Longicuspis ngahasilkeun siki anu bisa tumuwuh, samentara bawang bodas biasana henteu tapi sawatara klon A Sativum bisa ngahasilkeun sababaraha siki anu bisa tumuwuh.[3] Kiwari keur diupayakeun pepelakan anu bisa dikembangkeun ku siki.[3] Bukti isozom terkini nunjukkeun yén misahkeun bawang bodas ti A Longicuspis kurang bener.[3] Aya bukti deui yén bawang bodas téh geus biasa digunakeun di Mesir saméméh taun 2000 SM, jeung di Cina ogé di India leuwih ti 1000 taun ka tukang.[3] Padang ti Eropa mantuan nyebarkeun bawang bodas terus-terusan nepi ka jadi komoditas sayuran anu penting di dunia, minangka bumbu pikeun masakan.[3] Sanajan ngan ukur dipaké sapersapuluhna ti batan bawang beureum, bawang bodas mangrupa Allium kadua anu loba digunakeun.[3] Bawang bodas loba diproduksi hampir ku sakabéh negara,jeung dibudidayakeun anu dimimitian ti khatulistiwa nepi ka lintang 50°.[3] Sanajan tumuwuh sarta rupana rada jiga bawang bombay, bawang bodas béda dina hal daunna anu padet, wangunna ngabentuk hurup V, jeung ngagulung sacar longitudinal.[3] Nu ngabédakeun tinu séjénna nyaéta yén ujung daun bawang bodas teu nendeun kadaharan.
Ciri-ciri
Bawang bodas anu penting pikeun ubar nyaéta beuti watangna anu miboga bau anu khas aromatik, rasana lada, uraiana makroskopikna :
- Mangrupa beuti majemuk anu bentukna rata-rata rada buleud, miboga garis tengah 4 cm nepika 6 cm.[1]
- Warnana bodas diwangun ku sababaraha siung (8 nepika 20 siung), anu sakabéhna kabungkus ku 3-5 selaput ipis warna bodas.[1]
- Unggal siungna dibeulit ku 2 selaput ipis, selaput luar warnana ngadeukeutan warna bodas jeung rada logor, sedengkeun selaput luar ngabungkus rakeut dina bagian luar daging siung, warnana jambon, anu babari diesotkeun.[1]
Kandungan zat-zat dina beuti bawang bodas, nyaéta :
Khasiatna
- Ngahambat morosotna uteuk sarta sistem kekebalan
- Mantuan ngahambat prosés ngolotan
- Ngahambat tumuwuhna sél kangker
- Kalayan ngonsumsi bawang bodas, resiko katularan kanker bisa dikurangan
- Bawang bodas anu dikonsumsi sacara rutin dina jangka waktu nu tangtu bisa mantuan nurunkeun kadar kolésterol
- Zat anti-kolesterol dina bawang bodas anu ngaranna ajoene nulungan nyegah penggumpalan getih
- Bawang bodas bisa mantuan meredakan stress, kahariwang, sarta déprési, jeung éfék anu leuwih lembut
- Bawang bodas ngandung vitamin A
- Bawang bodas ngandung vitamin B
- Bawang bodas ngandung vitamin C
- Bawang bodas ngandung kalsium
- Bawang bodas ngandung potasium
- Bawang bodas ngandung antioksidan
- Bawang bodas ngandung karotén sarta selenium
- Ngonsumsi 2-3 siung bawang bodas sapoé, baris nyingcetkeun tina kamungkinan miboga panyakit jantung,
- Nyageurkeun tekenan darah tinggi
- Ngaringankeun tukak lambung
- Nurunkeun kolesterol dina getih
- Ngaronjatkeun insulin getih pikeun penderita diabetes
- Ngalumpuhkeun radikal bébas anu ngaganggu sistem kekebalan awak
- Méré mangpaat pikeun penawar racun (detoxifier) anu nangtayungan awak tina sagala rupa panyakit
- Mantuan nambahan napsu dahar lamun didahar atah-atah
- Ngajaga stamina awak
- Ngandung khasiat antimikroba, antitrombotik, hipolipidemik, antiarthritis, hipoglikemik, sarta ogé miboga antivitas minangka antitumor [4]
Tapi sakumaha hasiatna hiji ubar, lamun henteu dimbangan ku pola hirup nu bener bakalan sia-sia.[4][5]
Referensi
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Allium sativum. |