Bangkuang

Bangkuang
Ilustrasi botani bengkuang, menurut Blanco
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Magnoliophyta
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Faboideae
Génus:
Pachyrhizus
Spésiés:
P. erosus
Ngaran binomial
Pachyrhizus erosus
(L.) Urb.

Bangkuang; (Pachyrhizus erosus) nyaéta sabangsa boléd bodas anu didaharna atah-atah sanggeus kulitna disebet, dicapékna nyakruk sok disebut ogé bui hiris pédah buahna saperti buah hiris.[1]Bangkuang miboga ciri-ciri dumasar kana sababaraha faktor nyaéta:

  • Habitus : Semak, sausum, ngabeulit watang buleud, miboga bulu, héjo .[2]
  • Daun: Tunggal, lonjong, sisina rata, tungtungna seukeut, puhuna mintul, tulang daunna menyirip, daunna buluan,panjangna 7–10 cm, rubak 5–9 cm, héjo .[2]
  • Kembang: Majemuk, wangun turuy, tempatna dina kélék daun, diwangun ti dua nepi ka opat, watangna panjang, kelopakna buluan, bentukna jiga lonceng, héjo, hulu putik buluan, makutana gundul,totol-totol héjo, bungur rada biru.[2]
  • Buah: Polong, wangun lanset, gepéng. héjo .[2]
  • Akar: Tunggang.[2]
Bangkuang

Mangpaat

Bangkuang kaasup dina kategori pepelakan fitoestrogen anu pohara méré mangpaat pikeun kaum wanoja utamana pikeun maranéhanana anu geus nincak menopause.[3]Sajaba ti éta, bangkuang ogé alus pikeun kaséhatan kulit, sarta bisa dijadikeun minangka pepelakan ubar alatan mangpaat pikeun mengobati wasir, panas, sariawan sakaligus méré mangpaat pikeun nyaimbangkeun kadar gula getih pikeun nu boga panyakit diabetes.[3]Iwal ti éta bangkuang miboga mangpaat pikeun ubar beri-beri sarta lemes kana kulit.[2]Daunna miboga mangpaat pikeun ubar panas, keur sikina miboga mangpaat pikeun ubar nyeri kulit.[2]

Rujukan

Tutumbu Kaluar

  •