Bidara

Bidara
Ziziphus jujuba
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiospermae
(unranked):
Eudikotil
(unranked):
Rosids
Ordo:
Rosales
Kulawarga:
Rhamnaceae
Génus:
Ziziphus
Spésiés:
Z. jujuba
Ngaran binomial
Ziziphus jujuba
Mill.
Sinonim[1]
  • Paliurus mairei H. Lév.
  • Rhamnus jujuba L.
  • Rhamnus soporifera Lour.
  • Rhamnus zizyphus L.
  • Ziziphus jujuba (L.) Lam.
  • Ziziphus jujuba (L.) Gaertn.
  • Ziziphus mairei (H. Lév.) Browicz & Lauener
  • Ziziphus nitida Roxb.
  • Ziziphus orthacantha DC.
  • Ziziphus poiretii G.Don nom. illeg.
  • Ziziphus rotundata DC.
  • Ziziphus sativa Gaertn.
  • Ziziphus soporifera (Lour.) Stokes
  • Ziziphus spinosa (Bunge) Hu ex F.H. Chen
  • Ziziphus tomentosa Poir.
  • Ziziphus trinervia Roth nom. illeg.
  • Ziziphus vulgaris var. inermis Bunge
  • Ziziphus vulgaris var. spinosa Bunge
  • Ziziphus zizyphus (L.) H.Karst.
  • Ziziphus zizyphus (L.) Meikle
  • Zizyphon jujubum St.-Lag.

Bidara (Zizyphus Jujuba); hong zoo (Cina); nyaéta tangkal anu asalna tina kulawarga Rhamnaceae spesies Ziziphus, hirupna di tegalan atawa dataran landeuh, aya ogé anu ngahaja dipelak pikeun diarah buahna.[2] Tangkalna melengkung, kaina heuras jeung beurat, ilahar dipaké gagang parabot.[2] Ogé dimangpaatkeun pikeun pangiuh-iuh tina cahaya panonpoé.[3]Tangkal bidara loba kapanggih hirup di Asia kidul, lebanon, Iran, Pakistan, India, Bangladesh, Nepal, Cina, jeung Éropa.[4]

Bidara disebut ogé korma beureum ku lantaran buahna sagedé korma tur beureum, dimangpaatkeun pikeun bahan inumeun kawas es céndol, campuran sayur, atawa ditinyuh dijieun cai entéh.[5][6] Buah bidara mibanda rupa-rupa mangpaat: ngaronjatkeun stamina, ngurangan rasa capé, leuleus, kurang getih, darah tinggi (hipertensi), gangguan padaharan, hésé saré jeung ngubaran jajantung tagiwur.[7] Buah bidara anu di kulub jeung salédri, bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran panyakit konéng.[8]

Dicutat tina



Tutumbu Kaluar

  •