Lini jeung sunami Samudra Indonésia 2004

Lini jeung sunami Samudra Indonésia 2004 (ogé katelah Sunami Acéh 2004) kajadian jam 00:58:53 UTC kaping 26 Désémber, puseurna di luar basisir kulon Sumatra kalér, Indonésia. Ieu mangrupa lini handap laut mégatrus anu gedéna kacatet 9.1-9.3 Mw, ngahontal intensitas Mercalli nepi ka IX di sababaraha tempat. Ieu lini alatan bejadna patahan antara Lémpéng Burma jeung Lémpéng India.

  • Lini jeung sunami Samudra Indonésia 2004
Padumukan deukeut basisir Sumatra
Tanggal{{{date}}}
Kekuatan9.1–9.3 Mw[1]
Jero:30 km (19 mi)[2]
Épiséntrum:3°18′58″N 95°51′14″E / 3.316°N 95.854°E / 3.316; 95.854 95°51′14″E / 3.316°N 95.854°E / 3.316; 95.854[2]
Rupa:Megathrust
Nagara anu keuna{{{countries affected}}}
Karugian:US$15 billion[3]
Inténsitas maksimum:IX (Violent)[2]
Sunami:
  • 15 to 30 m (50 to 100 ft);[4][5]
  • max. 51 m (167 ft)[6]
Korban:227,898 maot[7][8][9]

Balukarna, mucunghul saruntuyan gelombang sunami anu luhurna nepi ka 30 méter, anu ngala nyawa 227.898 urang di 14 nagara, panglobana di Banda Aceh. Ieu bancana kaasup anu pangnyilakakeunana sapanjang catetan sajarah.