Rabiés

Rabiés atawa panyakit anjing gila mangrupa panyakit inféksi parna tina sistem saraf mamalia (kaasup manusa) anu disababkeun ku virus rabié. Ieu panyakit kacida ngabahayakeunana jeung miboga sipat zoonotik atawa bisa ditépakeun ti sato ka manusa. Transmisi lumangsung waktu partikel virus dina ciduh sato anu katerap rabié asup kana awak manusa atawa kana sato galak anu sipatna sénsitip. Contona bisa tépa ngaliwata gégélan. Sato anu bisa népakeun panyakit rabiés di antatanya anjing, kucing, monyét, rakun jeung kalong .Leuwih ti 99% anu pupus ku rabiés disababkeun ku gégélan anjing.[1]

Rabies
Ngaran lianPanyakit anjing gila
Pasien rabies keur dirawat, 1958
SpesialisasiPanyakit infeksius
GejalaDemam, gangguan saraf, kejang, hidrofobia
Awal munculUmumna 2-3 bulan (manusa), 6 bulan (sato)
TipeUrban, silvatik
MusababVirus rabies, Australian bat lyssavirus
Faktor résikoGegelan jeung cakaran sato rabies (karnivora, kalong, primata)
DiagnosisFAT, IHC, RT-PCR
PencegahanDibere vaksin jeung imunoglobulin rabies
Cara ngarawatObat penenang, analgesik
PrognosisPasti ahirna tilar dunya lamun geus katempo gejala awal
Kematian59.000 per taun

Sajarah

Étimologi

Kecap rabiés asalna tina basa Sansankerta Buhun "rabhas" nu hartina ngalakukeun kajahatan atawa hal-hal anu patali jeung hukum. Dina basa Yunani, rabiés disebut " lyssa " atawa " lytaa " anu hartina édan. Dina basa Jérman, rabies disebut " tollwut " anu asalna tina basa Indo-Jermanik " dhvar " anu hartina ngarusak jeung " wut " anu hartina ambek. Dina basa Perancis, rabies disebut " rage " tina kecap barang " robere " anu hartina jadi gélo.[2]

Catetan sajarah

Rabiés lain panyakit anyar dina sajarah peradaban manusa. Catetan tinulis ngeunaan tingkah laku anjing nu jadi pibahayaeun kapanggih aya dina Kodeu Mesopotamia ditulis 4000 taun kalarung ogé dina Kode Babul Eshunna anu ditulis taun 2300 SM. Kira-kira 500 SM, Demokritos ogé nulis ciri-ciri gejala panyakit anu méh sarua jeung rabiés. Hippokrates, Plutarkhos, Xenophon, Epimarcus, Virgil, Horatius, sareng Ovidius minangka jalma-jalma anu nyebatkeun karakteristik rabiés dina tulisanana. Celsius, dokter di jaman Romawi, ngahubungkeun hidrofobia (sieun ku cai) jeung digégél anjing dina taun 100 Maséhi. Cardanus, panulis Romawi, ngajelaskeun katépaan ciduh anjing jeung rabiés. Harita, panulis Romawi geus ngajelaskeun matéri anu tépa dina bentuk racun, virus téh nyaéta kecap Latin anu hartina racun.[2]

Faktor

Gambar tilu diménsi ngeunaan bentuk virus rabies.

Rabiés disababkeun ku virus rabiés anu kaasup kana filum Negarnaviricota, kelas Monjiviricetes, urutan Mononegavirales, kulawarga Rhabdoviridae, jeung genus Lyssavirus.[3] Ieu virus dikelompokkeun kana kelompok V dina sistem klasifikasi Baltimore, nyaéta virus RNA runtuyan tunggal kalayan sénsé négatif. Karakter Rhabdoviridae dibungkus, bentukna siga pélor anu panjangna 180 nm jeung miboga diamétér 75 nm. [4]

Épidémiologi

Rabiés aya di sakuliah dunya, iwal di wilayah Antartika, 95% manusa anu tilar dunya alatan rabiés aya di Asia jeung Afrika. [5] Unggal taun, ampir 59.000 urang tilar dunya alatan panyakit rabiés. [6] Digégél ku anjing miboga kontribusi 99% kasus rabiés manusa jeung 40% jalma anu digégél anjing tuluy keuna rabiés lolobana barudak sahandapeun 15 taun.[5]

Bentuk panyakit

Dumasar kana siklus épidemiologis, ranté pangiriman rabiés diklasifikasikeun kana dua bentuk, nyaéta urban jeung silvatic. Bentuk urban tina rabiés sumebar di masarakat kalayan anjing salaku sato reservoir anu utama. Ieu siklus aya di Asia, Afrika, Amérika Tengah, jeung Amérika Kidul. Lian ti éta, bentuk silvatic tina rabiés téh anu sumebar di alam liar, kalayan mangrupa pangaruh sato saperti kalong, careuh salaku reservoir utama. [7] Rabiés silvatic aya di Amérika Kalér jeung Australia. Kombinasi tina dua wanda bentuk rabiés ogé tiasa lumangsung di sababaraha daérah sakuliah dunya.[8]

Rujukan