Asam amino

Dina kimia, asam amino nyaéta molekul naon baé nu ngandung boh gugus fungsi amino jeung asam karboksilat.Dina biokimia, harti nu pondok sarta umum ieu mimindengna digunakeun pikeun nujul asam amino alfa: asam amino nu gugus fungsi amino jeung asam karboksilatna kabeungkeut na atom karbon nu sarua.

Résidu asam amino nyaéta naon nu nyésa na hiji asam amino nalika hiji molekul cai leungit (hiji ion hidrogén, H+, ti sisi nitrogén sarta hiji ion hidroxil, OH-, ti sisi karboxilat) dina ngawujudna beungkeut péptida .

Ihtisar

Asam amino mangrupa batubata biokimia, nu ngabentuk polimér pondok nu disebut polipéptida atawa péptida nu salajengna ngawangun struktur nu disebut protéin (tempo di handap).

Dua puluh asam amino disandikeun ku sandi genetik baku sarta disebut protéinogénik. Asam amino nu leuwih jarang jeung leuwih pajeulit bisa dijieun dumasar kaperluan ku awak. Prolin mangrupa hiji-hijina asam amino protéinogenik nu gugus gigirna siklik sarta numbu ka gugus a-amino, ngabentuk gugus amino sekunder. Asam amino séjén nu dikandung dina protéin biasana dibentuk tina modifikasi sanggeus translasi (sintésis protéin). Modifikasi ieu sipatna penting pikeun fungsi protéinna. Sahanteuna aya dua asam amino (lian ti nu dua puluh) nu sok dibeungkeutkeun kana protéin nalika translasi:

  • Sélénosistéin ku kabeungkeut kana protéin-protéin dina kodon UGA, nu normalna mah mangrupa kodon eureun (stop codon).
  • Pirolisin dipaké ku métanogén dina énzim-énzim nu dipaké pikeun ngahasilkeun métana. Disandikeunana mah ku kodon UAG.

Nu kapanggih di alam, kiwari geus leuwih ti 500 asam amino. Malah di antarana aya nu kapanggih dina bahan météorit. Mikroorganisme jeung tutuwuhan mindeng ngahasilkeun asam amino nu teu ilahar, nu sok aya dina péptida antibiotik (misalna nisin atawa alamétisin).

  • Lantionin nyaéta dimér alanin nu disasakan ku sulfida nu dikandung babarengan jeung asam amino teu jenuh na lantibiotik (antibiotik pikeun péptida nu asalna ti mikroba).
  • Asam 1-aminosiklopropana-1-karboksilat nyaéta asam amino siklik substitusi ganda nu mangrupa zat antara penting dina produksi étilén, hormon tatangkalan.

Lian ti asam amino pikeun sintésis protéin, aya asam amino séjén nu sacara biologis penting, kayaning neurotransmitter glisin, GABA jeung glutamat, ogé karnitin (dipaké na angkutan lipid jeroeun sél), ornitin, sitrulin, homosistéin, hidroxiprolin, hidroxilisin, jeung sarkosin.

Sababaraha ti 20 asam amino na sandi génétik katelah asama amino ésénsil, sabab teu bisa disintésis na jero awak tina sanyawa séjén ku réaksi kimia, tapi kudu diasupan tina dahareun. Pikeun manusa, nu kaasup asam amino ésénsil nyaéa lisin, leusin, isoleusin, métionin, fénilalanin, tréonin, triptofan, valin, sarta (pikeun barudak) histidin jeung arginin.

Mangpaat asam amino

Monosodium glutamat mangrupa additif pangan pikeun ngaronjatkeun rasa.
L-DOPA (L-dihidroxifénilalanin) mangrupa ubar nu dipaké pikeun Parkinsonisme.
5-HTP (5-hidroxitriptofan) dipaké pikeun mulasara masalah neurologis nu patali jeung PKU (fénilketonuria).

Struktur umum asam amino

Struktur umum asam amino alfa protéinogénik nyaéta:

   COOH   | H-C-R   |   NH2

di mana "R" nunjukkeun ranté gigir nu husus pikeun unggal asam amino. Asam amino biasana digolongkeun dumasar sipat ranté gigirna jadi opat golongan: asam, basa, hidrofilik (polar), jeung hidrofobik (nonpolar).

Isomérisme

Iwal glisin, R = H, asam amino aya dina dua kamungkinan isomér optik, nu disebut D (tina déxtro) jeung L (tina lévo). Asam amino L mangrupa mayoritas asam amino nu aya na protéin. Asam amino D aya na protéin nu dihasilkeun ku exotic sea-dwelling organisms, kayaning cone snail. Ogé loba pisan ayana dina dinding sél baktéri.

Réaksi

Protéin diwangun ku polimérisasi asam amino dumasar beungkeut péptida dina prosés nu disebut translasi.

Dibentukna beungkeut péptida
Dibentukna beungkeut péptida
Dibentukna beungkeut péptida
1. Asam amino; 2, struktur zwitterion; 3, dua asam amino ngabentuk hiji beungkeut péptida (tempo ogé beungkeut kimia).

Daptar asam amino

Struktur

Tabel di handap ieu mintonkeun struktur jeung lambang 20 asam amino nu aya na sandi genetik.

Sipat kimia

Tabel di handap ieu ngadaptar lambang saaksara, lambang tilu aksara, sarta sipat kimia ranté gigir asam aminona. Asam amino nu can kanyahoan dibéré lambang X (saaksara) atawa asx (tilu aksara) nu ngandung harti yén éta asam amino téh asparagin atawa asam aspartat.

Singget.Ngaran lengkepTipe ranté gigirMassapIpK1(α-COOH)pK2(α-+NH3)pKr (R)Catetan
AAlaAlaninhidrofobik89.096.112.359.87
CCysSistéinhidrofilik121.165.051.9210.708.37Dina kaayaan ngaoksidasi, dua sistéin bisa ngagabung maké beungkeut disulfida jadi asam amino sistin. Dina wangunan protéin, misalna dina insulin, sistéin ieu ngarojong struktur tersiérna.
DAsp Asam aspartatasam133.102.851.999.903.90
EGlu Asam glutamatasam147.133.152.109.474.07
FPheFenilalaninhidrofobik165.195.492.209.31
GGlyGlisinhidrofilik75.076.062.359.78ku sabab ayana dua atom hidrogén dina karbon α, glisin teu aktif optis.
HHisHistidinbasa155.167.601.809.336.04
IIleIsoleusinhidrofobik131.176.052.329.76
KLysLisinbasa146.199.602.169.0610.54
LLeuLeusinhidrofobik131.176.012.339.74
MMetMétioninhidrofobik149.215.742.139.28Always the first amino acid to be incorporated into a protein; sometimes removed after translation.
NAsnAsparaginhidrofilik132.125.412.148.72
PProProlinhidrofobik115.136.301.9510.64Bisa ngaruksak struktur tilepan protéin samodél héliks-α atawa lambar-β.
QGlnGlutaminhidrofilik146.155.652.179.13
RArgArgininbasa174.2010.761.828.9912.48
SSerSerinhidrofilik105.095.682.199.21
TThrTréoninhidrofilik119.125.602.099.10
VValValinhidrofobik117.156.002.399.74
WTrpTriptofanhidrofobik204.235.892.469.41
YTyrTirosinhidrofilik181.195.642.209.2110.46
Asam
Amino
hidrofobikpositifnégatifpolarmuatanleutikménélaromatikalifatikVolume van der Waals
AlaX----XX--67
CysX----X---86
Asp--XXXX---91
Glu--XXX----109
PheX------X-135
GlyX----XX--48
HisXX-XX--X-118
LysXX-XX----135
IleX-------X124
LeuX-------X124
MetX--------124
Asn---X-X---96
Pro-----X---90
Gln---X-----114
Arg-X-XX----148
Ser---X-XX--73
ThrX--X-X---93
ValX----X--X105
TrpX--X---X-163
TyrX--X---X-141