Aung San Suu Kyi

Aung San Suu Kyi (Basa Myanmar: အောင်ဆန်းစုကြည်; MLCTS: aung hcan: cu. krany /ŋˌsæn.sˈ/) gumelar 19 Juni 1945; umur 78 taun) nyaéta saurang aktivis prodémokrasi Myanmar sarta pamimpin National League for Democracy (Persatuan Nasional pikeun Démokrasi atawa NLD). Ayeuna, manéhna jadi tahanan imah. Di taun 1991, manéhna narima Pangajén Nobél Perdamaian ku sabab pajoanganana pikeun ngamajukeun démokrasi di nagarana tanpa nngagunakeun "kekerasan" dina ngalawan kakuasaan rézim militér. Manéhna dibébaskeun sacara resmi ku junta militér Myanmar di tanggal 13 Nopémber 2010 saenggeus jadi tahanan imah salila 15 taun ti 21 taun jangka waktu ti pamilihan umum taun 1990. Ti tanggal 6 April 2016, Suu Kyi ngajabat jadi State Counsellor atawa Panasihat Nagara.

Aung San Suu Kyi
Katerangan lian
Gumelar19 Juni 1945 (1945-06-19) (yuswa 78)
Myanmar Rangoon, Burma
Partéy pulitikNational League for Democracy
Pameget/istriMichael Aris (1972–1999)
MurangkalihAlexander
Kim
Alma materUniversitas Delhi
(B.A. Politik, 1964)
St Hugh's College, Oxford
(B.A. Fisofoli, Politik and Economk, 1969)
Universitas London
(Ph.D, 1985)
Pagawéanékonom, politikus
AgemanBuddha Theravada
Pangabdian militér
AnugrahPangajén Rafto
Pangajén Nobel Perdamaian
Pangajén Jawaharlal Néhru
Pangajén Internasional Simón Bolívar
Pangajén Olof Palme

Ngaran

Aung San Suu Kyi, asalna tina tilu ngaran: "Aung San" ti bapana, "Suu" ti nini ti bapak, jeung "Kyi" ti indungna Khin Kyi. Manéhna sok disebut Daw Aung San Suu Kyi. Daw lain bagian tina ngaranna, tapi hiji pangajén, mirip jeung madam, pikeun anu leuwih kolot, wanoja anu dihormatan, sacara harfiah hartina "bibi". Manéhna ogé sok disebut Daw Suu ku urang Burma (atawa Amay Suu, sacara harfiah hartina "Ibu Suu", ku babaraha urang), sarta disebut ogé Dr. Suu Kyi, Ms. Suu Kyi, atawa Miss Suu Kyi ku média asing. Tapi, saperti masarakat Myanmar lianna, manéhna teu boga marga.

Kahirupan pribadi

Aung San Suu Kyi gumelar di tanggal 19 Juni 1945 di Rangoon (kiwari Yangon), Burma Britania. Numutkeun Peter Popham, manéhna lahir di hiji désa leutik di luar Rangoon anu ngaranna Hmway Saung. Bapana, Aung San, nyawalakeun kamerdékaan ti Inggris di taun 1947, sarta ditelasan di taun harita ogé ku sainganna. Aung San Suu Kyi gedé jeung indungna, Khin Kyi, sarta dua dulur lalakina, Aung San Lin jeung Aung San U di Yangon. Aung San Lin tilelep dina kolam renang nalika umur Suu Kyi masih dalapan tahun. Suu Kyi sakola di sakola Katolik Inggris di Burma.

Khin Kyi (Khin Kyi Ma) meunang kahormatan jadi inohong politik dina pamaréntahan Burma anu kakarék dijieun. Khin Kyi Ma ditunjuk jadi duta besar Burma di India di taun 1960, sarta Aung San Suu Kyi ngilu ka ditu, tuluy lulus ti Lady Shri Ram College di New Delhi di taun 1964.

Manéhna nuluykeun atikanna di St Hugh's College, Oxford sarta meunang gelar B.A. di widang Filosofi, Politik, jeung Ékonomi di taun 1989. Saenggeus lulus, manéhna ngalanjutkeun atikan di New York sarta gawé pikeun pamaréntah Persatuan Myanmar. Di taun 1972, Aung San Suu Kyi nikah jeung Dr. Michael Aris, hiji murid kabudayaan Tibet. Di taun hareupna, manéhna ngalahirkeun budak kahijina, Alexander, di London; sarta di taun 1977 manéhna ngalahirkeun budakna anu kadua, Kim, anu diajar di George Washington University ti Januari 1991 nepi ka Pébruari 1991.

Jadi State Counsellor

Di tanggal 6 Juli 2012, Suu Kyi ngumumkeun di website Forum Ekonomi Dunia yén manéhna rék nyalonkeun jadi présidén dina pemilu Myanmar taun 2015. Tapi, konstitusi anu lumaku nyababkeun manéhna teu bisa jadi présidén sabab manéhna mangrupa hiji randa sarta indung ti urang deungeun.

NLD meunang dina éta pamilihan, meunang sahenteuna 255 korsi di DPR jeung 135 korsi di House of Nationalities. Salian ti éta, Suu Kyi meunangkeun pamilihan pikeun jadi DPR deui. Dumasar konstitusi 2008, NLD perelu sahenteuna dua pertilu mayoritas di dua lembaga éta pikeun mastikeun calon anu rék jadi présidén. Saacan pemilu, Suu Kyi ngumumkeun sanajan manéhna sacara konstitusional dilarang jadi présiden, manéhna bakal nyepeng kakawasaan nyata dina unggal pamaréntahan anu dipimpin ku NLD. Di tanggal 30 Maret 2016 manéhna nyokot peran Menteri Luar Negeri, Menteri Karumahtanggaan Présidén, Menteri Atikan jeung Tanaga Listrik sarta Menteri Énergi di pamaréntahan Presiden Htin Kyaw tuluy misahkeun Kementerian Atikan jeung Tanaga Listrik jeung Energi. Salian ti éta, Présidén Htin Kyaw nyiptakan posisi anu disebut State Counsellor (sajajar jeung Perdana Menteri) pikeun Suu Kyi. Posisi éta geus disatujuan ku House of Nationalities di tanggal 1 April 2016, sarta DPR di tanggal 5 April 2016. Suu Kyi dilantik di tanggal 6 April 2016.

Tutumbu luar

Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[:su:q:{{{1}}}|{{{1}}}]]