Marcapada

planét katilu dina Sistim Tatasurya
(dialihkeun ti Mayapada)

Marcapada (ᮙᮁᮎᮕᮓ), ogé disebut Bumi (ᮘᮥᮙᮤ), (Ing. earth, atawa Terra), mangrupa planét tempat manusa hirup, planét katilu luareun Panonpoé. Marcapada mangrupa hiji-hijina planét téréstrial di Surya Mandala, sarta hiji-hijina planét nu mibanda kahirupan, sahanteuna kitu nu dipikanyaho élmu modérn. Planét ieu mibanda hiji satelit alam, bulan, nu kabentuk watara 4,5 milyar taun ka tukang. Biosfir Bumi sacara lalaunan beuki lila ngarobah atmosfir jeung kondisi fisik dasar séjénna, anu ngakibatkeun kembangbiakna organisme sarta kawangunna lapisan ozon, anu bareng jeung médan mahnit Marcapada ngahalangan radiasi surya nu pibahayaeun jeung ngawidian mahluk hirup mikroskopis ambéh terus kembang biak kalawan aman di daratan. Sifat fisik, sajarah géologi, jeung orbit Bumi ngakibatkeun kahirupan bisa terus laksana.

Marcapada 🜨
Gambar warna Marcapada sakumaha nu katempo ti Apollo 17
Gambar warna Marcapada sakumaha nu katempo ti Apollo 17

Klik gambar pikeun dadaranana

Ciri fisik
Radius katulistiwa6,378.14 km
Radius kutub6,356.78 km
Rarata radius6,371.3 km
Kuriling ékuatorial40,075 km
Volume1.0832×1012 km³
Masa5.9737×1024 kg
Kapadetan5.515 g/cm³
Lega ambul510,065,700 km²
Gravitasi ambul ékuatorial9.766 m/s², or 1 gee
Escape velocity11,180 m/s
Période rotasi sidereal23.934 hours
Equatorial inclination to orbit23.45°
Hawa ambul
minméanmax
185 K287 K331 K
Tekenan ambul1 bar
Karakteristik orbit
Jarak rarata ti Panonpoé149,597,890 km (1.000 A.U.)
Perihelion (pangdeukeutna)147,100,000 km
Aphelion (pangjauhna)152,100,000 km
Période orbit sidereal365.25636 poé (1.0000174 Taun Julian)
Kagancangan orbit rarata29,785.9 m/s
Ésentrisitas orbit0.01671022
Inklinasi orbit kana Ecliptic0.00005°
Kuriling orbit924,375,700 km
Satelit1 (Bulan), tempo ogé 3753 Cruithne
SatelitnaPanonpoé
Atmospheric constituents
Nitrogén77%
Oksigén21%
Argon1%
Karbon dioksida

Saab cai

trace

Litosfir Marcapada kabagi jadi sawatara ségmén kaku, atawa lémpéng téhtonik, anu ngalaman unggutan di kabéh buntala Marcapada salila yutaan tahun. Leuwih ti 70% buntala Marcapada dilimpudan ku cai, jeung sésana diwangun ku buana jeung pulo-pulo anu mibanda loba pisan situ jeung sumber cai séjénna anu jadi bahan jang ngajieun Hidrosfir. Kutub Bumi sawaréhna kalimpudan ku és; és padet di Antartika jeung és sagara di és kutub. Intérior Marcapada aktif kénéh nepi ka ayeuna, jeung miboga inti jero anu diwangun ku beusi padet, sedengkeun inti luarna mangrupa fluida anu mikacipta médan mahnit, jeung lapisan kandel anu rélatif padet dina bagéan mantél.

Tempo ogé

  • Sistim hukum: Hukum internasional
  • Ékonomi: ékonomi dunya
  • Sajarah: Sajarah dunya
  • Lini
  • médan magnét Bumi
  • Daftar nagara
  • Géologi
  • kala géologi

Rujukan

  • Earth, Wikipédia édisi basa Inggris
  • Discovering the Essential Universe (Second Edition) by Comins (2001)

Tumbu kaluar

Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Earth ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity