Buah naga

Buah naga
Hylocereus undatus
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiosperms
(unranked):
Eudicots
(unranked):
Core eudicots
Ordo:
Caryophyllales
Kulawarga:
Cactaceae
Subfamili:
Cactoideae
Tribus:
Hylocereeae
Génus:
Hylocereus

(A.Berger) Britton & Rose
Species

See text

Buah Naga nyaéta jenis bungbuahan anu asalna ti nagara Meksiko, Amerika.[1]Masarakat Cina Kuna nganggap buah naga leuwih ti saukur buah kalayan rupa-rupa mangpaat.[1]Buah jeung kulit anu nyarupaan sisit oray badag ieu mindeng jadi pangaping dua patung di méja altar sesembahan.[1]Saban raraméan taun anyar Imlek buah ieu ogé disajikeun, sarta jadi salah sahiji sajian anu wajib aya alatan dipercaya mawa berkah.[1]Padahal di tempat asalna, Meksiko, buah naga malahan dianggap palebah panon.[1]Kakara sanggeus dibawa ka Vietnam, pepelakan buah naga mimitian dibudidayakeun sacara lega saméméh pamustunganana ngembang ka nagara Asia Tenggara.[1]Di Vietnam buah naga mindeng disebut Thanh long atawa clever dragon sedengkeun masarakat Cina nyebutkeunana Feuy Long Kwa.[1] Di wewengkon Meksiko, buah naga disebut Pitahaya.[1]Buah naga sorangan mibanda kelir kulit anu murub, kulitna ogé henteu lemes, tapi mangrupa lapisan siga bawang ku kituna jiga sisit oray badag atawa naga.[1]Eusi buahna boga warna bodas, beureum atawa bungur kalayan siki-siki boga warna hideung.[1]Eusina kawas selasih sedengkeun rasana kawas buah kiwi.[1]

Mangpaat

Buah naga miboga khasiat anu méré mangpaat pikeun kaséhatan manusa di antarana pikeun nyaimbangkeun kadar gula getih, pencegah kanker peujit, ngurangan kolesterol, nyingkahan pendarahan.[2]Buah naga biasana di jadikeun kadaharan dina rupa-rupa jenis saperti dina wangun buah seger pikeun ngaleungitkeun haus, alatan buah naga ngandung kadar cai anu luhur kira-kira 90 % ti beurat buahna sorangan.[2]Rasana amis alatan ngandung kadar gula ngahontal 13-18 briks.[2] Buah naga ogé bisa dijieun jus, sari buah, manisan jeung selé .[2]Sacara umum,pakar sapamadegan sarta ngaku buah naga beunghar kalayan potasium, ferum, protein, serat, sodium sarta kalsium anu alus pikeun keséhatan ti batan bungbuahan séjén anu di import.[2]

Rujukan