Cai raksa

Cai raksa atawa raksa atawa mérkuri (asal kecap basa Latén: Hydrargyrum, cai/cacai pérak) nyaéta unsur kimia dina tabel périodik kalayan simbol Hg sarta nomer atom 80. Unsur golongan logam transisi ieu boga warna mérak sarta mangrupa hiji ti lima unsur (babarengan cesium, fransium, galium, sarta brom) anu wujudna éncér dina suhu kamar. Cai raksa réa dipaké minangka bahan amalgam huntu, térmométer, barométer, sarta parabot ilmiah séjén, sanajan pamakéanana pikeun bahan pangeusi térmomter geus digantikeun (ku térmométer alkohol, digital, atawa térmistor) kalayan alesan kaséhatan sarta kaamanan alatan sipat racun (toksik) anu dipibogana. Unsur ieu dibeunangkeun utamana ngaliwatan prosés réduksi tina cinnabar mineral. Karapetanana anu luhur ngabalukarkeun barang-barang kawas bal biliar jadi ngapung lamun diasupkeun kana jero cacai raksa, ngan 20% eusi (volumena) nu kakeueum.

80emasraksatalium
Cd

Hg

Uub
Tabél Periodik - Tabél Periodik Euyeub
Umum
Ngaran, Lambang, Nomerraksa, Hg, 80
Dérét kimialogam transisi
Golongan, Periode, Blok12, 6, d
Warnapérak
Beurat atom baku200.59(2)  g·mol−1
Konfigurasi éléktron[Xe] 4f14 5d10 6s2
Éléktron per cangkang2, 8, 18, 32, 18, 2
Pasipatan fisik
Fasecair
Dénsitas (dina h.r.)(cair) 13.534 g/cm³
Titik lééh234.32 K
(-38.83 °C, -37.89 °F)
Titik golak629.88 K
(356.73 °C, 674.11 °F)
Titik kritis1750 K, 172.00 MPa
Panas fusi2.29  kJ·mol−1
Panas panguapan59.11  kJ·mol−1
Kapasitas panas(25 °C) 27.983  J·mol−1·K−1
Tekanan uap
P(Pa)1101001 k10 k100 k
at T(K)315350393449523629
Pasipatan atom
Struktur kristalrombohédral
Wilangan oksidasi4, 2 (mérkurik), 1 (mérkurus)
(oksida basa)
Éléktronégativitas2.00 (skala Pauling)
Énérgi ionisasi1st: 1007.1 kJ/mol
2nd: 1810 kJ/mol
3rd: 3300 kJ/mol
Radius atom151  pm
Radius kovalén132±5  pm
Radius Van der Waals155 pm
Unak-anik
Susunan magnétikdiamagnétik
Résistivitas listrik(25 °C) 961 nΩ·m
Konduktivitas panas(300 K) 8.30  W·m−1·K−1
Ékspansi panas(25 °C) 60.4 µm/(m·K)
Gancang sora(cair, 20 °C) 1451.4 m/s
Nomer régister CAS7439-97-6
Isotop penting
Artikel utama: Isotop cai raksa
isoKAumur-nyatengahURÉU (MeV)HU
194Hgsyn444 yε0.040194Au
195Hgsyn9.9 hε1.510195Au
196Hg0.15%Hg stabil ngandung 116 neutron
197Hgsyn64.14 hε0.600197Au
198Hg9.97%Hg stabil ngandung 118 neutron
199Hg16.87%Hg stabil ngandung 119 neutron
200Hg23.1%Hg stabil ngandung 120 neutron
201Hg13.18%Hg stabil ngandung 121 neutron
202Hg29.86%Hg stabil ngandung 122 neutron
203Hgsin46.612 dβ0.492203Tl
204Hg6.87%Hg stabil ngandung 124 neutron
Rujukan

Pasipatan

Fisik

Cai raksa

Raksa kaasup logam beurat, konduktivitas listrik jeung panasna leutik[1]. Mahiwal ti logam-logam blok-d, titik lééh raksa handap pisan. Nu jadi sababna kakara bisa diécéskeun ku basa fisika kuantum: intina mah ku sabab raksa mibanda konfigurasi éléktron nu istiméwa: éléktron ngeusi sakabéh kulit 1s, 2s, 2p, 3s, 3p, 3d, 4s, 4p, 4d, 4f, 5s, 5p, 5d, jeung 6s. Ieu hal ngabalukarkeun héséna ngaleupaskeun éléktron, sarupa jeung kaayaan unsur-unsur gas mulya, ku kituna jadi hésé pabeungkeut (beungkeutna lemah): gampang cair. Kulit 6s jadi stabil ku sabab ayana kulit 4f anu dieusi.

Réaktivitas jeung sanyawaan

 Tempo ogé: .

Raksa bisa leyur jadi amalgam jeung emas, séng, jeung sababaraha logam lianna, iwal beusi, tantalum, tungsten, jeung platinum. Nalika dihaneutkeun, raksa ogé bisa diréaksikeun jeung oksigén di udara jadi raksa oksida, nu salajengna bisa dipegatkeun ku cara dipanaskeun[2].

Isotop

Raksa mibanda tujuh isotop stabil, tapi nu panglobana mah 202Hg (29.86%). Radioisotop nu umurna pangpanjangna nyaéta 194Hg (umur nyatengah 444 taun) jeung 203Hg (umur nyatengah 46,612 poé), anapon nu lianna teu leuwih ti sapoé. Isotop nu panglobana ditalungtik (maké NMR) nyaéta 199Hg jeung 201Hg[1].

Rujukan

Bacaan salajengna

Tumbu kaluar