Keuyeup
Keuyeup | |
---|---|
Liocarcinus vernalis | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Subfilum: | Crustacea |
Kelas: | Malacostraca |
Ordo: | Decapoda |
Subordo: | Pleocyemata |
Infraordo: | Brachyura Linnaeus, 1758 |
Sections & subsections [1] | |
|
Keuyeup nyaéta crustacea Decapoda ti infraordo Brachyura, nu dicirikeun ku ayana "buntut" anu pondok pisan (Basa Yunani: βραχύς / brachys = pondok,[2] οὐρά / οura = buntut[3]), atawa anu abdoménna nyumput handapeun toraks.[4]
Évolusi
Awak keuyeup biasana dibulen ku éksoskeleton anu kandel sarta boga 'pakarang' mangrupa sapasang cacapit. Keuyeup aya di sagara di sakuliah dunya jeung di darat, boh dina cai atawa di darat, utamana di wewengkon tropis. Gedéna rupa-rupa, ti Pinnotheres pisum anu awakna ukur sababaraha miliméter, nepi ka Macrocheira kaempferi (keuyeup lancah ti Jepang) anu deupa sukuna bisa nepi ka 4 m.[5]
Di darat (kaasup dina cai darat), aya kira 850 spésiés[6], sumebar di wewengkon tropis jeung semi-tropis. Mimitina mah disangka hiji grup monofilétik, tapi kiwari sacara umum ngabagi kana sahanteuna dua silsilah, hiji ti Dunya Kuna jeung hiji ti Dunya Anyar.[7]
Dimorfismeu séksual
Ilaharna, keuyeup jalu bisa dibédakeun ti nu bikang tina ukuran cacapitna,[8], utamana di genus Uca. Keuyeup jalu ti ieu genus boga cacapit anu gedé sabeulah nu dipaké pikeun komunikasi, utamana pikeun ngabandang bikang.[9] Béda nu lianna bisa kapanggih dina bentuk pléonna (abdomén); nu jalu biasana heureut jeung ngabentuk jurutilu, anapon nu bikang biasana leuwih lébar sarta buleud.[10] Ieu patali raket jeung kanyataan yén endog nu geus dibuahan digedékeun di jero pléopod bikangna.
Paripolah
Kaahéngan keuyeup katémbong tina leumpangna anu ka gigir[11], ku sabab sasandian sukuna leuwih ngagampangkeun leumpang ka gigir batan ka hareup.[12] Najan kitu, aya ogé anu leumpangna ka hareup atawa ka tukang, di antarana Raninidae,[13], keuyeup lancah Libinia emarginata[14] jeung Mictyris platycheles.[11]. Aya ogé keuyeup anu bisa ngojay, di antarana Portunidae jeung Matutidae.[15]
Ieu sato kaasup omnivora, kahakananana ganggang[16] moluska, cacing, crustacea lianna, fungi, baktéri, jeung détritus, gumantung aya/henteuna di lingkungan hirupna sarta spésiésna.
Kadaharan manusa
Keuyeup bisa ngahontal 20% crustacéa hasil laut, nu jumlahna bisa nepi ka 1½ juya ton sataunna, utamana Portunus trituberculatus. Keuyeup dahareun lianna nyaéta Portunus pelagicus, sababaraha spésiés genus Chionoecetes, Callinectes sapidus, Charybdis spp., Cancer pagurus, Metacarcinus magister, jeung Scylla serrata, nu masing-masing bisa ngahontal leuwih ti 20.000 ton sataunna.[17]
Masak keuyeup sok tara dipaéhan heula. Taun 2005, élmuwan Norwégia boga kacindekan yén lobster teu boga kanyeri.[18], tapi panalungtikan leuwih ahir nyindekkeun yén crustacéa bisa ngarasa jeung nginget kanyeri.[19]
keuyeup== Rujukan ==
- Crab. Wikipédia basa Inggris (disalin 14 Juli 2010)
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |