Kubes

Kubes (basa Indonesia: kubus) nyaéta bangun rohang tilu diménsi anu diwatesan ku genep widang sisi anu ngawangun pasagi bener. Kubes mibanda 6 sisi, 12 rangkay (basa Indonésia: rusuk) sarta 8 juru (titik sudut). Kubes ogé disebut widang genep boga aturan, sajaba ti éta ogé mangrupa bangun husus dina prisma juruopat.

Kubes

Rumus

Lamun variabel s nyaéta panjang sisi kubes, mangka:

PikeunRumus
Lega beungeut6 x s2
Kuriling12 x s
Eusi (Volume)s3