1576 - Pangéran William nu mingpin perjuangan rakyat Walanda ngumumkeun kamerdekaan tina jajajahan bangsa Spanyol.
1579 - Francis Drake, navigator Inggris, ngadarat di basisir California di Teluk Drakes sarta méré ngaran New Albion.
1631 - Mumtaz Mahal maot wanci ngalahirkeun. Salakina, kaésar Mogul Syah Jahan I tuluy méakkeun 20 taun pikeun ngawangun makomna, Taj Mahal.
1775 - Révolusi Amérika: Pasukan Inggris ngameunangkeun patempuran Bunker Hill, deukeut Boston.
1864 - Pangwangunan Jalur karéta api Samarang-Tanggung di diresmikeun ku Gubernur Jéndral Hindia Walanda Sloet van de Beele minangka taratas pakarétaapian.
1928 - Amelia Earhart, ngamimitian panerbangan trans Atlantik ti Newfoundland ka Wales.
1939 - Suaka Margasatwa Muara Angké (SMMA) ditetepkeun minangka cagar alam ku pamaréntah Hindia Walanda (kiwari Indonésia) kalawan lega mimtina 15,04 ha. Tuluy ieu kawasan dilegaan nikakeun 1.344,62 ha kira taun 1960-an.
1944 - Républik Islandia, nagara di béh kalér Samudera Atlantik, ngadeg.
1950 - Operasi transplantasi ginjal munggaran di Chicago dina waktu 45 menit ku Dr. Richard H. Lawler.
1958 - Jambatan Vancouver, jambatan anu diwangun pikeun nyambungkeun Vancouver wétan jeung kalér, rugrug. Aya 59 urang anu maot tina éta kajadian.
1962 - Brasil jadi jawara Piala Dunya FIFA 1962, gelar juara pikeun nu ka-2 kalina.