1582 – Période Sengoku: Oda Nobunaga, daimyō Jepang pangkuatna, dipaksa pikeun maéhan manéh ku jéndralna sorangan Akechi Mitsuhide.
1834 – Panemu jeung pangusaha Amérika, Cyrus McCormick, maténkeun mesin wuluku.
1900 – Pangbarontakan Bokser: China sacara rasmi nyatakeun perang ka Amérika Sarikat, Inggris, Jérman, Perancis jeung Jepang ku hiji maklumat nu dikaluarkeun ku Ratu Cixi.
1970 - Brasil ngajuaraan Piala Dunya FIFA pikeun nu ka-3 kalina (1958, 1962, jeung 1970), sahingga mibanda hak pikeun Piala Jules Rimet salawasna.
1975 – Ritchie Blackmore reureuh ti Deep Purple, ngadegkeun Rainbow.
1994 - Majalah TÉMPO, bareng DeTik jeung Éditor, di-bérédél (dilarang medal) pikeun pamaréntahan Orde Amyar, ngondang démonstrasi massa munggaran nu nengtang pambérédélan di Indonésia.
2004 - SpaceShipOne jadi pasawat terbang antariksa munggaran nu nepi panerbangan awakan nu didanaan ku swasta.
2006 - Satelit anyar Pluto nu kapanggih sacara resmi diaranan Nix jeung Hydra.