1844 - Charles Goodyear narima hak patén kana pamanggihna dina prosés nguatkeun karét.
1885 - Sajarah minyak di Indonésia: Pikeun kala munggaranna kapanggih tambang minyak bumi nu cukup komérsial di Talaga Said, Sumatra Kalér, Hindia Walanda (kiwari Indonésia), anu mana nepi ka 1911, hiji-hijina pausahaan minyak nu operasi ngan ukur BPM (Bataafsche Petroleum Maatschappij) milik Walanda.
1944 - Patempuran Saipan: Tangtara Amérika Sarikat ngamimitian invasi nu suksés di Saipan, dina Perang Dunya II. Pasawat pangebom B-29 Superfortress nyieun serangan munggaran ka Jepang.
1954 - UEFA (Asosiasi Sépak bola Éropa) diadegkeun di Basel, Swiss.
2013 - Bubukaan Piala Konféderasi FIFA 2013, diayakeun di Stadion Nasional Mané Garrincha, Brasília, Brasil.
Nu babar
1330 – Edward, Si Pangéran Hideung ti Inggris (td. 1376)