9 Juni

1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

9 Juni nyaéta poé ka-160 dina sataun (ka-161 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 205 poé.

Kajadian

  • 68 - Kaisar Romawi Néro maéhan manéh sanggeus ngalaman kudéta.
  • 1572 - Pasukan Turki ngahasil ngarebut Siprus sanggeus ngirim armada anyar nyerbu Don John ti Austria.
  • 1815 - Kongrés Wina lekasan, ngarobah péta pulitik Éropa satutasna Pangperangan éra Napoléon.
  • 1885 - Pajangjian Tientsin ditandatanganan antara Perancis jeung Cina negeskeun daérah palindungan (protéktorat) Perancis di Annam.
  • 1905 - Albért Éinstéin mublikasikeun téori fisika kuantum di jurnal Annalen der Physik najan tanpa uji coba. Jagana manéhna téh meunang pangleler Hadiah Nobél Fisika ku éta analisisna.
  • 1931 – Rancangan pasawat rokét nu munggaran dipaténkeun ku Robert Goddard.
  • 1934 - Karakter cémé Donal Bébék bijil kala munggaranna dina pilem The Wise Little Hen.
  • 1946Bhumibol Adulyadej jadi Raja Thailand sabada dulurna Raja Ananda Mahidol tilar dunya.
  • 1967 - Israél nyerang Suriah sanggeus ngalanggar pajangjian gencetan sanjata.
  • 1968 - Muludan mimiti jadi poé libur nasional.
  • 1970 - Raja Husséin ti Yordania salamet tina usaha jalma nu rék maéhan dirina.
  • 1978 – Larry Holmes ngéléhkeun Ken Norton dina parebutan gelar juara dunia kelas berat ku angka 15 ronde.
  • 1995 - Lalaki munggaran anu dipenjara alatan mergasa sasama jinisna (homoséksual).
  • 1992 - Pamilu Kalima Indonésia mangsa Ordeu Anyar digelar, nu dimeunangkeun ku Golkar kalawan sora panglobana, kawas Pamilu saméméha di jaman harita.
  • 2002 - Dua bom ngabeledug di Jakarta, perenahna di Hotél Jayakarta, Jl. Hayam Wuruk, Jakarta Barat jeung di hareupeun diskotik Exotic di Mangga Besar. Opat jalma tatu parna.
  • 2006 - Piala Dunia FIFA 2006 dimimitian ku upacara bubuka di Stadion Olimpiade Bérlin, Jérman.
  • 2013 – Edward Snowden ngabolékerkeun manéh ka balaréa minangka nu ngabocorkeun dokumén NSA.

Nu babar

  • 1961 – Michael J. Fox, aktor Kanada
  • 1963Johnny Depp, aktor Amérika
  • 1978 – Matt Bellamy, musisi Inggris (Muse)
  • 1978 – Miroslav Klose, pamaén bola Jérman
  • 1981 – Natalie Portman, artis Amérika-Israél
  • 1984 – Wesley Sneijder, pamaén bola Walanda
  • 1994 – Hyeri, tukang ngawih Koréa Kidul (Girl's Day)

Nu pupus

  • 68 – Nero, kaésar Romawi (l. 37)

Poé peré /poé panginget-nginget

Tumbu luar