10 Juni

1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

10 Juni nyaéta poé ka-161 dina sataun (ka-309 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 204 poé.

Kajadian

  • 671 – Kaésar Tenji ti Jepang ngenalkeun jam cai (clepsydra) nu nelah ku Rokoku. Alat nu bisa ngitung wanci jeung jam, ditempatkeun di Ibu Kota Otsu.
  • 1190 – Frederick I Barbarossa tilelep di Leuwi Saleph (kiwari Turki) nalika mingpin pasukanna ka Yerusalem.
  • 1574 - Raja Phillip II ti Spanyol méré gelar Insigne y Siempre Leal Ciudad ("Kota nu Penting jeung Salawasna Satia") ka Manila, Filipina; saterusna mah dipiéling minangka poé jadi éta kota.
  • 1752 – Benjamin Franklin nguji coba konduktor petir ku cara ngapungkeun langlayangan.
  • 1786 - Bendungan nu kabentuk di Walungan Dadu balukar lini marcapada 10 poé saméméhna runtuh sarta 100.000 urang palastra di Sichuan, Cina.
  • 1886 - Ludwig II ti Bayern dinyana teu waras ku psikiater sahingga teu mampu maréntah.
  • 1934 - Itali ngajawaraan Piala Dunia FIFA 1934 sanggeus ngéléhkeun Cékoslovakia 2-1 (papanjangan waktu).
  • 1943 - Pulpén dipaténkeun. Pulpén diciptakeun ku saurang jurnalis Hongaria, Laszlo Biro, Argéntina taun 1938. Manéhna jeung dulurna, Géorge, nyieun modifikasi tungtung pén maké bandul leutik nu bisa muter dina liang.
  • 1947 - Pajangjian sosobatan Républik Indonésia - Mesir ditandatangan di Kairo. Indonésia diwakilan Mentri Luar Negri Agus Salim, Mesir diwakilan Pardana Mentri/Mentri Luar Negri Nokrashi Pasha.
  • 1967 - Perang Genep Poé lekasan. Uni Soviét meunggas gawébareng diplomatik jeung Israél.
  • 1968 - Kabinet Pangwangunan I dilantik minangka kabinét munggaran mangsa Ordeu Anyar di Indonésia.
  • 1998 - Bubukaan Piala Dunia FIFA 1998.
  • 1999 - NATO narik pasukan udara ti Kosovo.
  • 2009 - Paresmian Sasak Suramadu antara Pulo Madura jeung Pulo Jawa, nu mangrupa sasak pangpanjangna di Indonésia.

Nu babar

  • 1921 – Pangéran Philip, Ménak Edinburgh
  • 1959 - Carlo Ancélotti (Mantan pamaén bal ti Itali nu kungsi ngalatih AC Milan jeung Chelsea).
  • 1965 – Elizabeth Hurley, artis, modél Inggris
  • 1966 – David Platt, pamaén bola Inggris
  • 1980Bambang Pamungkas, pamaén bola Indonésia
  • 1992 – Kate Upton, artis, modél Amérika

Nu pupus

  • 323 SM – Aléksander Agung, raja Makédonia (l. 356 SM)
  • 223 – Liu Bei, kaésar Tionghoa (l. 161)
  • 754 – Abul Abbas as-Saffah, khalifah Abbassiah kahiji (l. 721)
  • 2000 – Hafiz al-Assad, présidén Suriah ka-18 (l. 1930)
  • 2012 – Sudono Salim, pangusaha Indonésia, nu ngadegkeun BCA (l. 1916)
  • 2017 – Julia Perez, tukang ngawih dangdut Indonésia (l. 1980)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar