1886 - Raja Ludwig II ti Bayern tikerelep di Danau Starnberg.
1906 - Sinn Fein, organisasi pulitik tentara Républik Irlandia, ngadeg. Ieu organisasi diwangun pikeun ngawadahan perjoangan warga Kapuloan Irlandia nu hayang merdéka ti Inggris.
1944 - V-1, pélor kadali munggaran nu dipaké dina mangsa perang, dipuragkeun di London, Inggris.
1983 - Pioneer 10 ngaliwatan orbit Néptunus sarta jadi banda jieunan manusa munggaran nu ninggalkeun tata surya, sanajan acan ngaliwatan heliopause atawa awan Oort mah.
1964 - Konfrontasi Indonésia-Malaysia: Béntrokan badag antara gerilyawan Indonésia jeung pasukan Malaysia di Sarawak, Bornéo Britania.
1996 - Garuda Indonésia Panerbangan 865 murag di Bandara Fukuoka 272 Salamet, 3 Palastra
2006 - Nota kawijakan pikeun nguatkeun jeung ngalegaan hubungan bilateral nu lega antara Walanda jeung Indonésia ditandatangan ku mentri luar negri kadua nagara harita, Hassan Wirajuda ti Indonésia jeung Bernard Bot ti Walanda.