1215 – Béijing, dina kakakawasaan pamaréntahan Jurchen, Kaésar Xuanzong ti Jin, karebut ku urang Mongolia nu dipingpin ku Jéngis Khan, mungkas Patempuran Béijing.
1879 – Napoléon Eugène, dinasti Bonaparte nu pamungkas, perlaya dina Perang Anglo-Zulu.
1945 - "Pancasila" dikedalkeun mimitina ku Ir. Soekarno liwat biantara "Lahirna Pancasila" dina sidang Dokuritsu Junbi Cosakai minangka Dasar Nagara Indonésia sarta dipiéling minangka Poé Lahirna Pancasila.
1960 - Universitas Katolik Indonésia Atma Jaya diadegkeun.
1964 – Kénya jadi nagara républik, Jomo Kenyatta minangka présidén kahijina.
1990 – George H. W. Bush jeung Mikhail Gorbachev néken perjangjian pangreureuhan produksi pakarang kimia.
2001 – Putra Mahkota Népal Dipendra némbak tur nelasan sababaraha anggota kulawargana, kaasup indung bapana.
2003 - Républik Rahayat Tiongkok mimiti ngeusian panampungan cai di balik Bendungan Tilu Leuwi, naékkeun pabeungeutan cai di deukeut bendungan nika 100 méter.
2017 – Présidén AS Donald Trump ngabéwarakeun mundurna AS tina Kapaheutan Iklim Paris.
2018 – Profésor Hukum Giuseppe Conte disumpah minangka PM Italia salaku pupuhu koalisi populis.
2018 – Rouzan al-Najjar, saurang patugas médis Palestina umur 22 taun, ditémbak mati ku pasukan Israél di wates Gaza, ngundang kana pamaido ti ditu ti dieu.
2019 – Tukang boksén Méksiko-Amérika, Andy Ruiz Jr., teu dinyana ngéléhkeun juara ti Inggris, Anthony Joshua di ronde ka-7 di Madison Square Garden; meunangkeun gelar juara IBF, WBO, IBO jeung WBA.
Nu babar
1914 – Wahid Hasyim, Pahlawan Nasional Indonésia (td. 1953)