12 Juni

1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

12 Juni nyaéta poé ka-163 dina sataun (ka-164 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 202 poé.

Kajadian

  • 1819 - Perang Ménténg bitu antara pihak Walanda jeung Kesultanan Palémbang nu dipingpin Sultan Mahmud Badaruddin II.
  • 1830 - Perancis mitembeyan kolonisasi Aljazair kalawan ngadaratkeun 34.000 pasukan 27 kilométer ti ibu kota Aljir.
  • 1898 - Bangsa Filipina ngedalkeun kamerdékaanna ti Spanyol.
  • 1942 - Dina milangkalana nu katilu belas, Anne Frank mimiti nulis buku harianna dina mangsa pangawasaan Nazi di Walanda.
  • 1964 - Afrika Kidul nibankeun hukuman bui saumur hirup ka Nélson Mandéla.
  • 1991 - Boris Yéltsin kapilih minangka Présidén Rusia.
  • 2005 - Patinju légéndaris Mike Tyson ngedalkeun amit mungkur ti dunya tinju, sanggeus éléh ku patinju teu kasohor asal Irlandia, Kevin McBride sarta jadi kawiwirangan.
  • 2011 - Pardana Mentri Turki Recep Tayyip Érdogan kapilih pikeun mangsa jawabatan katilu sarta AKP mertahankeun parleménna.
  • 2014 - Bubukaan Piala Dunya FIFA 2014, diayakeun di Aréna Corinthians, São Paulo, Brasil.
  • 2018 - KTT Amérika Sarikat–Koréa Kalér 2018 nu dilaksanakeun di Singapur.

Nu babar

  • 1924 – George H. W. Bush, présidén Amérika ka-41 (d. 2018)
  • 1981 – Adriana Lima, modél Brasil
  • 1992 – Philippe Coutinho, pamaén bola Brasil

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Dunya Nentang kana Purah Buburuh Budak

Tumbu luar