Nagara Islam Irak jeung Syam


Nagara Islam Irak jeung Syam (NIIS atawa ISIL; Basa Arab: الدولة الإسلامية في العراق والشام‎), dipikawanoh ogé ku sebutan Nagara Islam Irak jeung Suriah (NIIS atawa ISIS), Nagara Islam Irak jeung asy-Syam,[1] Daesh, atawa Nagara Islam (NI atawa IS),[2] nyaéta kelompok militan jihadiyah salafiyah Wahhabi.[3] NIIS dipingpin sarta didominasi ku Arab Sunni ti Irak jeung Suriah.[4] {{NIIS ngawasaan wewengkon nu pangeusina 10 juta urang di Irak jeung Suriah.[4] NIIS ogé ngawasaan saeutik wewengkon di Libya, Nigéria, jeung Afghanistan.[4] NISS ogé gawé bareng jeung babaraha nagara di sakuliah dunya, di antarana Afrika Kalér jeung Asia Kulon.[5][6][7][8][9]

AQMI Flag

Dina istilah bahasa arab NIIS dipikawanoh ku ngaran Daesh (داعشdāʿish, IPA: [ˈdaːʕiʃ]), nu mana ieu ngaran téh mangrupa singgetan tina ad-Dawlah al-Islāmiyah fī 'l-ʿIrāq wa-sh-Shām (الدولة الإسلامية في العراق والشام‎).[10] Tanggal 29 Juni 2014, ieu kelompok ngaklaim yén manéhna minangka nagara Islam sakaligus minangka kaholifahan dunya anu dipingpin ku Abu Bakr al-Baghdadi minangka holifahna sarta ngarobah ngaran jadi ad-Dawlah al-Islāmiyah (الدولة الإسلامية, "Nagara Islam" (NI)).[4] Minangka kaholifahan, NIIS ngaklaim dina ngatur agama, pulitik, sarta militér pikeun sakabéh muslim di sakuilah dunia, ogé "kaabsahan sakabéh kaamiran, kelompok, nagara, jeung organisasi téh teu diaku deui sanggeus ieu kakawasaan khilafah ngalegaan jeung pasukanna nepi di wewengkon maranéhna".[1][4][11][12]Perserikatan Bangsa-Bangsa nyebut yén NIIS téh geus ngalanggar hak asasi manusa jeung kajahatan perang.[4]Amnésti Internasional ngalaporkeun yén NIIS geus ngabersihan étnis "nu skalana gedé pisan".[4] NIIS dicap minangka organisasi téroris ku PBB, Uni Éropah jeung nagara-nagara anggotana, Amérika Serikat, India, Indonésia, Israél, Turki, Arab Saudi, Suriah, jeung nagara-nagara séjén.[4] Para inohong muslim di sakuliah dunya ngutuk idéologi jeung aksi-aksi NIIS; sarta ngedalkeun yén ieu kelompok téh geus jauh tina ajaran Islam anu saéstuna jeung sagala lalampahanna teu ngeunteungkeun ajaran atawa niléy-niléy anu dibawa ieu agama.[13][14]

Rujukan