Turkménistan

Républik Turkménistan (Basa Turkmén:Türkmenistan Respublikasy), diwanoh ogé sabagé Turkménia (Basa Rusia: Туркмения) nyaéta hiji nagara anu aya di wewengkon Asia Tengah, Asia. Nepi ka taun 1990, Turkménistan tetep kagabung dina konstitusi Uni Soviét, nu namina Républik Sosialis Soviét Turkménistan. Turkménistan tepung wates jeung Iran di kidul, Apganistan di kidul-wétan, Uzbékistan di kalér, Kazakhstan di kalér-kulon, jeung Laut Kaspia di kulon. Wewengkonna kalobaannana mangrupa sagara keusik Karakum. Nagara ieu miboga cadangan gas alam panglobana kalima di dunya.

Türkmenistan Respublikasy
Républik Turkménistan
Bandéra Turkménistan Lambang Turkménistan
Motto
Lagu
Garaşsyz, Baky Bitarap,Türkmenistanyň döwlet gimni
Location of Turkménistan
Location of Turkménistan
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Ashgabat
Basa ngobrol
antarsuku
TurkménRusia
Pamaréntah Républik (de jure)
 -  Présidén G. Berdimuhammedow
Kamerdékaan
Aréa
 -  Total 488.100 km² (52)
 mil² 
Populasi
 -  Perkiraan  2005 4.952.081 (112)
 -  Sénsus -
 -  Kapadetan 10 /km² (173)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$35,93 miliar (86)
 -  Per kapita US$7.266 (81)
Mata uang Manat (TMM)
Zona wanci (UTC+5)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+5)
TLD Internét .tm
Kode telepon +993

Nepi ka danget ieu, Turkménistan ngagunakeun sistem politik hiji partai. Sistem ieu katempo teu minuhan prinsip-prinsip dasar démokrasi.[1]. Ti mimiti kamerdékaanna ti Uni Soviét, Turkménistan dipingpin ku Saparmurat Atayevich Niyazov. Dina 21 Désémber 2006, anjeunna maot, jeung digentosan ku Gurbanguly Mälikgulyýeviç Berdimuhammedow nu ditunjuk ku Déwan Kaamanan Nagara Turkménistan, liwat pamilihan umum dina 11 Fébruari 2007.

Pambagian Wewengkon

Turkménistan dibagi ka lima propinsi atawa welayatlar (tunggal welayat) jeung hiji wewengkon ibukota. Masing-masing welayat dibagi ka sababaraha etraplar (tunggal etrap).

Daptar propinsi di Turkménistan
PropinsiISO 3166-2IbukotaLega[2]Populasi (2005)[2]Key
Dayeuh AshgabatAshgabat470 km2 (180 sq mi)871,500
Propinsi AhalTM-AAnau97,160 km2 (37,510 sq mi)939,7001
Propinsi BalkanTM-BBalkanabat 139,270 km2 (53,770 sq mi)553,5002
Propinsi DaşoguzTM-DDaşoguz73,430 km2 (28,350 sq mi)1,370,4003
Propinsi LebapTM-LTürkmenabat93,730 km2 (36,190 sq mi)1,334,5004
Propinsi MaryTM-MMary87,150 km2 (33,650 sq mi)1,480,4005

Basa

Basa Turkmén mangrupa basa resmi di Turkménistan, sanajan tetep loba populasinya nu ngagunakeun basa Rusia keur komunikasi antarétnis. Kira-kira 72% populasina ngagunakeun basa Turkmén, 12% ngagunakeun basa Rusia, 9% ngagunakeun basa Uzbék, jeung 7% ngagunakeun basa nu séjén.

Warisan

Turkménistan dina daptar Situs Warisan Dunya
GambarNamiLokasiCatetanKaping PanambahanTipe
Merv KunaMaryDayeuh-Oase utama di Asia Tengah, dina waktos Jalur Sutra1995Budaya[3]
KöneürgençKöneürgençRuntuhan ibukota Khwarezmia dina abad ka-122005Budaya[4]
Bénténg Parthia NisaBagyr, Propinsi AhalSalah sahiji ibukota kahiji Kakaisaran Parthia2007Budaya[5]

Tempo ogé

Catetan suku

Tumbu luar

   Tempo ogé Turkménistan di Wikivoyage